minggu kamari jam 11.00-an, meunang SMS ti kang Maman Gantra (MGT). aya acara 
silaturahmi di karawitan 46 (kantor penerbit kiblat buku utama, yayasan susundaan, nu 
nerbitkeun jurnal satuan dua kali, sundalana.

acara na mah mung silaturahmi, tapi jejerna kaayaan basa sunda kiwari. kang AR naros 
cing saha nu gaduh pangalaman ngeunaan eta. nya kang MGT nyarios bari terus nuduhkeun 
si kuring nu terus disada ngeunaan kusnet nu geus boga yayasan perceka (terus terang, 
ka kang AR nurutan manehna, ngarana oge PERCEKA. ceuk kang AR teh, perceka teh ngaran 
pun anak nu katilu cenah. hehe. 

kang AR oge kungsi maca cenah buku nu bahana di milis. Buku terbitan urang boa, enya, 
Sura Seuri Siga Sero. ongkoh buku munggaran Sajak BAnyol jeung SAJabana oge da dikirim 
hiji ka bumina nu di jakarta. anjeuna muji, nya alus cenah, sanajan aya kritikna, yen 
nu nulis teh lolobana kurang maca. haha. seurieus wae kang Ajip mah :p

aya nu disada di komunitas malaikat (enya, ngarana kitu), nu nyaritakeun kaayaan basa 
sunda di pasantren. ceuk manehna, mun geus tingkat luhur di ajar dipasantren, basa 
panganteurna teh cenah make basa jawa. kang AR ngaenyakeun, dumasar sajarah, yen kiyai 
atawa ajengan di Tatar SUnda, baheula malasantren di jawa, atawa di madura.

tapi ceuk eta angota komunitas malaikat teh (kasep jelemana mah, ngora keneh), 
nyaritakeun deui alesan make basa jawa teh, cenah, bari ngalap berkah walisongo. 
hohoho....

si kuring nambahan, yen basa pun nini almarhumah pupus, si kuring kabagean warisan 
mangrupa buku2 kitab arab. lolobana gundul. kungsi ngilikan hiji, tulisan arab gundul 
tapi ari ditelek-telek mah basana basa sunda. ningali penerbitna ti surabaya.

kang AR nyarioskeun pamanggihna, yen di Pantura, basa sunda teh beuki ngetan, hartina, 
daerah Jatiwangi jeung beh wetan, nu baheula aya nu nyarita basa jawa cirebonan jeung 
jawa reang, kabehdieunakeun mah teu aya. tapi sabalikna di kidul, daerah dijulang 
atawa banjarsari, nu baheula nyarita basa sunda, ayeuna mah loba nu basa jawa.

si kuring nyaritakeun yen di milis urang sunda teh aya urang sunda saalam dunya, aya 
kang yaya di korea, kang mike ontohod di wina, aya abah joe di new york, aya teh Nety 
di Texas, kang Budhi di jepang, jeung saterusna.

kang AR menta sangkan e-mail US nu dilaluar nagreg bisa kapiboga ku kiblat atawa 
yayasan susundaan di karawitan 46. sigana jang nambahan APA dan SIAPA urang sunda. nu 
kamari oge kuring nyarita, Ecep Nurjaman teu kabawa. padahal anjeuna oge beken pisan. 
sanajan make ngaran selebritisna, Hambali, teroris tea. teu nanaon teroris oge cenah. 
haha.

kang AR bade teras ka jakarta, sareng istrina EMPAT. kang AR kungsi ngabodor, aya nu 
nanya, pak AR, saya dengar istri Anda empat dan satu rumah? hahaha....

istrina kang AR teh Fatimah. Di sunda mah pan sok disebut sesebutanana, Empat 
(Fatimah). hehe....

acara kasorena nanggap kang Muhammad Sunjaya, tokoh teater STB oge urang radio MARA. 
pisakeurieun si kang Sunjaya mah da make basa preman bandung. hahaha
Mj

http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke