beu..... langsung kaluar petuahna, padahal kakara mukadimah ieu teh euy, can kaluar batang tubuh jeung panutupna.... siap-siap we lahhh panas cepil... moal kang toni... uing mah moal nomail... paling ge moal dibacaan mun aya postingan ti kang toni... hehehe...
Hatur nuhun ah kana penyejuk hatena... eta tapa dipayuneun kampus teh... da aya maksad bade neraskeun kuli-ah nu kantos DO, kapungkur kantos kuli-ah di batam mung dugi ka 3 semester, kaburu sibuk.... jadi we mal..... hessssssss..... ari tapa payuneun sakolaan SMA mah... naon nya..?? ngke lahhh teu acan aya alesanana... hihihi.. ari panyawat gumasep mah da tos panyawatna nu kasep atuh kang toni... hahaha... Tobat oge Insya Allah parantos... basa nungkulan kenzi lahiran... nyaksian kumaha pun bojo bajuang ngalahirkeun kenzi, beuki nambah nyaah euy ka pun bojo teh... da kang toni mah teu sempet nungkulan nya... jadi we moal tobat2, hehehe... komo kang ule mahh.... :p cag ahhh... Panzi Makan2 sendiri... nyuci2 sendiri... tidur.... ulah sendiri ah tidur mah... :D ----- Original Message ----- From: <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Cc: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Monday, May 17, 2004 6:18 PM Subject: Re: [UrangSunda] Kuring Nyorangan.. Naha mani sieun ku dipoyok?? padahal pan saha kamari-kamari nu ngaledek kuring jeung Kang Ule? mani sok awon sangkian kitu si akang eta mah..... abdi mah da rumaos, janten moal popoyok, da tos kaalaman ku nyalira.. geuningan hirup nyorangan teh teu geunah pisan ari keur gering mah... tapi lamun keur jag-jag belejag, aya duit asa wuih.....bebas euy!!! atuh cenah apih kenzi bade nongkrong di hareupeun SMU atawa Kampus,... eta mani asa ku gumasep pisan atuh....kawas nu payu wae...heuheuheu.... ari hirup nyorangan teh ceuk caca handika mah jiga angka hji, makan sendiri,nyuci sendiri, tidurpun sendiriiiiiiiiiiii.... aya deui geningan lagu dangdut teh teuing saha...ngadengan hawar2.. disebut punya istri da memang euweuh,.. disebut teu boga da aya di bandung keur berjuang ek ngalahirkeun nukadua.. mangkaning nu ngalahirkeun teh eta teh cenah sarua jeung mapagkeun maut... da disebut ngajuru oge sami sareng sajurueun maot cenah... ieu salakina di batam malah ek neangan ABG, Ayam kampus,..beu!! karunya teuing atuh, sing inget kana perjuangan nu janten istri, kasep..... tuang istri mah bari bubureuyeungan can mangku budak ka Bandung dijurungkeun, encan kamari basa dinten saptu tos tibeubeut mangkaning bari bubureuyeungan kitu... geura tobat kang!! emh........ moal lah moal dipoyok, moal balas dendam kuring mah.... Salam, -ts- [ngahaja ah ek di cc.keun bisi nomail si eta mah......] Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

