Ngeunaan watek seler sejen, kuring boga pangalaman geusan pieunteungeun. Harita kuring boga babaturan urang Makasar. Ceuk pikiran kuring eta sobat teh, kacida hadena dina bab sosobatan. Eta we da lamun kuring can balik kaimahna, padahal geus waktuna ngawadang siang, manehna teh neangan nyusulan kuring, teu daekeun ngawadang tiheula. Dina obrolan kaciri kacida banggana jadi urang Makasar, jiga banggana urang "US" kana ikon "American Dream" meureun. "I am Americans," cenah.Eta we da lamun aya baturna urang Makasar deui, sanajan teu wawuh ti belah mana Makasarna teh, asal sarua Muslim dianggapna teh dulur pisan. Cenah diunggal daerah sa-Indonesia sok aya pakumpulan urang Makasar, disebutna teh KKSS (Kerukukunan Keluarga Sulawesi Selatan). Jigana ieu tali-beureumna, ku naon Kang Yusuf Kala sakitu didukungna, khususna ku urang Makasar. Nyaeta aya akar anu kuat pikeun  

Kumaha ari watek US, nyaeta nu kaalaman teh jiga nudigambarkeun ku MJ tea. Solo karir, bari jeung rada limpeuran, sok gampang poho ka lembur cenah. Ngeunaan watek kieu, kuring jadi inget puisi Dr. M. anu ngagambarkaeun kumaha watek urang Malayu. Ku Dr.M watek Malayu digambarkeun ringkes naker, "Melayu Mudah Lupa" cenah.

Pangalaman sim Kuring di pangumbaraan, di lemburna urang Dayak, geuning teu saeutik dulur-dulur US teh. Malah seueur anu janten jelema "Kepala Anu", "Direktur Anu" cenah. Hiji mangsa jorojoy aya "wangsit" ka sim kuring teh,  jiga bakal gede mangfaatna lamun di lembur urang Dayak teh, diadegkeun "Asrama Mahasiswa Jabar". Eta "wangsit" teh kailhaman ku ayana "Asrama Mahasiswa Kalsel" (AMK). Keur Urang Banjar (UB) mah, jigana dimana loba mahasiswa ti daerahna, nya bakal diadegkeun asrama. Eta we geura pilari boh di Bandung, Jogya, oge Jakarta aya AMK. Ari eta asrama teh gunana lain ngan ukur keur mondok mahasiswa, tapi jadi siga "meeting point" urang Banjar. Lamun aya UB anyar datang kahiji kota, tah nudijugjug teh nya Asrama tea. Di Jogja mah eta asrama UB teh sok jadi tempat transit maranehna anu anyar datang atawa anu rek balik ka lemburna.

Eta kahayang ngadegkeun asrama US teh kunsi didongengkeun jeung dulur-dulur US deui. Malah sareng US no tos jadi jelema tea oge. Maksud teh jiga kitu, sugan atuh ari aya sayang mah salian keur ngabantuan mahasaisa US di pangumbaraan, nya bisa oge keur tempat paguneman kasundaan. Da geuning mahasiswa US teh rada lumayan oge jumlahna teh. Alhamdulillah nepi ka kiwari eta kahayang teh ngan ukur jadi kahayang.

Hasan

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Tah eta....salah sahiji panyawat parna urang sunda teh eta. teu percaya ka urangsunda sorangan. cangcaya. urangsunda mun geus di luhur tara mawa dulur, estuning solo karir. gudubrak we murag, pan ripuh euweuh nu nulungan..teu siga seler sejen. mun di luhur jeneg urang A, baraya si A, seler si A di bawa. eta kitu kungsi ditiru ku Yogi SM. ngan maena teu cantik siga persib. terang-terangan pisan, jeung da ongkoh nu ngagogorengna bisa jadi urang sunda keneh.

urang ngan ukur lalajo dina tv jeung maca dina koran. teu apal jero2na atawa nu sabenerna. tapi teu nanaon ketang, da urang mah karek nepi ka bisa nyalahkeun atawa ngekeak dulur. keak keak keak....! sora manuk naon eta

tim kampanye Agum? kuduna kabeh urang sunda....

adat US generasi beh ditu, Urangsunda mah rusak ku urang sunda deui. tah cik atuh adat kitu teh, mun enya eta adat urang, rada dipupus, diakalan sangkan jadi baleg, bener. jeung dulur silih tulung, Silih Asih SIlih ASah Silih ASuh, ulah silih tincak....eleh atuh ku batur/seler sejen. ieu lain soal nanaon, tapi soal kompetisi dina cara wajar. kompetisi kakuatan SDM jeung eusi sirah. dina raraga nyumbangkeun pangabisa jang kamajuan nagara.
kade poho, nagara teh lain bae pamarentah, tapi aya dua deui elemena, rahayat jeung wilayah.

sing percaya URANG SUNDA TEU BELEGUG...! URANG SUNDA OGE BISA...!


kudu make cadu mundur. cadu eleh. eta US generasi ayeuna. da baheula urang ngingu 'keok memeh dipacok..!' cok we....



>Mireungeuh wacana rahayat kusnet, ngeunaan soal
>capres/cawapres US vs non-US, kuring jadi cangcaya
>lamun wacanana US vs non-US naha moal ngerakeun kitu.
>Eta pedah nepi ka ayeuna geuning jiga nu bingung
>nyusun tim kampanaye oge. Kuring maha jadi hariwang
>eta tim teh bisi jiga karesep sebagian barudak sakola
>ayeuna, sok make cara SKS (Sistem Kebut Semalam).
>Jeung deui pasangan nua aya US-an teh jiga pasangan MA
>(married by accident). Pan geus kacaritakeun dina
>dongeng Sangkuriang oge, sistem SKS teh ngan
>ngahsilkeun parahu tibalik.
>
>Jigana mah ceuk kuring wacana capres/cawapres mending
>make jurus Sipil vs non-Sipil. Piraku ari sipil mah da
>sangagalaksak-galaksakna ge moal jiga non-Sipil. Da
>sipil mah atuh teu bogaeun bedil lin. Pan pangalaman
>diurus non-Sipil geus kabuktian, bedil teh lain ngan
>ukur dipake ngudag-ngudag musuh.
>
>-Hasan-


Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke