Banglus lampahna Prabu Anom Suyudhana , nu nuju purat perot bade ka Dwaraka nepangan Kresna . Urang kocapkeun aya Hiji Satriya Pinandita nu kaceluk Rama Bargawa ; anjeunna dipiwarang ku Kresna megatan sing saha wae nu bade ka Dwarawati , teu kenging dipasihan jalan , ku margi Kresna bade Tapa Turu duka sabaraha lamina ; janten anjeunna teu kersaeun aya nu ngaganggu .
Rama Bargawa teh kaceluk kaawun awun , kawentar ka janapriya Hiji Satriya Pinandita anu jago panah ; hese neangan lawanna . Ku margi sakitu upama wae aya satriya jore jore wani maksa , pasti lastarina ku ieu Rama Bargawa .
 
Tah nya atuh Rama Bargawa diamanatan kitu ku Kresna teh langsung nampi wae . Nya ti sabarang poe eta loba jelema nu nuju ka Dwarawati muter jalanna ; mun maksa tangtu cilaka ; geus aya puluhan jalma jeung sababaraha Satriya nu wani maksa ; teu tata pasini terus wae ditandasa ku Rama Bargawa ; nya atuh jalan nu deukeut ka Dwarawati teh ti semet harita mah bangblas teu aya nu daek ngaliwat deui kadinya .
 
Lila lila Rama Bargawa asa karesel , lantaran geus tilu poe teu aya wae nu ngulampreng ka eta jalan ; nya atuh dug wae ieu rama Bargawa teh sasarean di na handapeun tangkal caringin ; tapi kakara oge leleyepan aya sora kareta ti kajauhan , atuh korejat wae ieu Rama Bargawa teh hudang , saterusna taki taki lantaran ti kajauhan awas aya hiji kareta nu bakal ngaliwat .
 
Barang eta kareta keur mangprung mani kenceng pisan ; teu tatapasini deui belesat wae Rama Bagawa mentangkeun panah , sorana mani ngahiung ku gedena tanaga nu manah . Cep wae persis hareupeun kuda nu keur mangprung ; atuh kuda teh mani ngajul ka luhur da reuwasan ; terus wae eureun pisan ; terus Satriya nu aya disatukangeun kusir sumbar sumbar kamanigan :" Eee ladalah , kurang ajar temen ieu nu manh di jalaneun Kaula rek ngaliwat ! Saha jelemana nu wani wani gana gana megatan diri Kaula !"
 
"Hahahahahaha ! Ieu aula Rama Bargawa ; ti bulan kamari keneh geus aya didieu keur ngahalangan nu rek ngaraliwat ; geuwat andika balik deui ; neangan jalan sejen we rek ka Dwarawati mah ; tapi teu meunang jalan ka dieu ."
 
Eta satriya nu na kareta enggal wae sosoak :"Eh Rama Bargawa , naha andika bosen hirup ? Hayoh minggir sampeyan , Kaula rek ngaliwat !"
 
Rama Bargawa oge nyeuneu , bari rada heran nempo eta Sinatriya kacida wanianana :"Eh Kurang ajar , Rama Bargawa moal tega ka na pati ; tara mundur ti medar tempur ! Ngan wae samemeh andika lastari , sebutkeun ngaran andika , bisi paeh teu mawa ngaran ."
 
Jaya bang winga winga , eta Sinatriya nu na kareta kacida amarahna , beungeut beureum bari kekerot , teras nyentak mani tarik pisan:" Heh dengekeun ku ceuli rebing andika ! yeuh Kaula Jakapitana , atawa Duryodhana , atawa Suyudhana , atawana Kurupati , Drestarastra Putra ! Andika nu bakal tiwas , lain Kaula ."
 
"Hahahahahaha , pantes atuh ari kitu mah . Enya andika teh leber ku wawanen , tapi sampeyan moal kuat ngalawan Kaula , sok we mundur ti ayeuna ." Rada leuleuy ayeuna Rama Bargawa teh , lantaran nu disanghareupeun teh nyata Prabu Anom Suyudhana nu kakoncara ; Naga Astina Nagarana , nu dipikasieun ku balarea ; lantaran pangkuatna sa Hindustan .
 
Teu tata pasini deui , belesat wae Suyudhana manah ka Rama Bargawa , tapi gampang pisan ditakis ku Rama bargawa , malah terus dibales ; tapi Suyudhana oge rikat nakis , bari males manah deui .
 
Ragot ieu dua jalmi silih panah , tapi lami lami katingal Suyudhana katetran , lantaran memang Rama Bargawa mah jagoan pisan di na soal manah teh ; tos tilu gondewa Suyudhana nu potong . panangannana taratu kasabet ku panah ; teras makutana mani remuk . Rada geumpeur Duryodhana , barang keur kitu teh deuih belesat wae hiji panah mani ngahiung , ampir wae keuna ka na tenggekna pisan . Tapi dasar memang teu acan pinasti ka na pati ; belesat teh tarik alah manan kilat hiji panah ngabentur panahna Rama Bargawa ; atuh Suyudhana teh ngan ukur kaserempet panah , tatuna teu parna ; tapi anjeunna ku reuwas reuwasna ngalumpruk na karetana ; kabur pangacian ; sajongjongan mah teu usik malik .
 
Rama Bargawa kalintang kagetna , enggal ngandika :" Eeeeh kurang ajar ; Satriya mana nu wani wani ngaganggu ka diri Kaula Rama Bargawa . Sok maju kadieu ."
 
Ti beulah kenca jol aya kareta hiji deui , nya didinya aya Satriya nu kakara mentangkeun panah , bari kalem teras wae ngandika :Nya Kaula nu ngaran arjuna , ayeuna kaula menta idin rek ngaliwat ka Dwarawati , poma ulah gana gana wani ngahalangan Pangeran Arjuna !"
 
"Hahahahahaha , yeuh Pangeran Arjuna , sampeyan teh kaceluk ka awun awun , kawentar ka janapriya , hiji Satriya pinilih , ahli mentangkeun panah ! Tapi ieu Kaula Rama Bargawa teu maris sama sakali , moal mundur sacongo rambut ceuk paribasana , sok hayang nyaho nepi ka mana jagona ki Dananjaya !"
 
Hanca 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke