Hatur nuhun Ua sas, ieu kolom hariring sulintang diradar bogor teh anu sok nyerat teh namina kimarko. Tadi enjing abdi nyobian ngaemail ka radar bogor nyuhunkeun widi, upami diwidian mah ku abdi bade dilebetkeun ka web kusnet eta seratan teh supados rada aya parobiahan tiap minggon web ksunet teh, sarae pisan seratanana teh.
Ua teras eta pantun ku abdi parantos dilebetkeun ka web, mangga pang ningaliankeun bilih urutanana aya nulepat. Hatur nuhun @ERN --- In [EMAIL PROTECTED], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hariring = nembang atawa ngawih lalaunan. > Sulintang, hanjakal teu kapendak dina KUBS, nu aya lintang, ngalintang= > ngaliwat, kalintang=kacida, palintang=tali tina injuk nu dijugang jaging, > palintangan =elmu falak. > Hariring Sulintang sigana mah tiasa dihartikeun ngaliwat bari ngahariring > lalaunan, ari ngahahriringna tiasa naon bae. > Upami teu lepat Sulintang ge nami hiji tari Sunda. > Walohualam. > MSasmita Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

