Sami abdi oge : kahoyong aya, kabisa teu aya, uah abdi atuh !!, mangga anu sanes, anu parantos biasa sareng tiasa, dihaturanan !!!.
 Pihatur !!
SSW

Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu mah kanggo nu panuju ka Agum Gumelar wungkul, sanajan sadaya anggota ieu
milist panuju sareng Agum Gumelar, asana mah hasilna kirang maksimal kumargi
anggota milist ieu mung sakedik dibanding rahayat tatar sunda, keur
ngadorong rahayat tatar sunda nu sanes supados mangpaatkeun momentum nu ngan
5 taun sakali ieu, kumaha urang ngadamel artikel di Pikiran Rakyat, tos
sababaraha dinten ieu abdi ngemutan bade nyerat artikel di Pikiran Rakyat
ngenaan "Cawapres Agum Gumelar mangrupikeun momentum penting keur rahayat
sunda" mung abdi teu terang cara, alamatna, sareng deui upami dititenan mah
nu nyerat di dinya jalmi sohor sadaya sapertos Pa Ayip, Bu Nina, Pa
Ayatrohaedi, jrrd, aya oge perasaan minder, tah kumaha wargi Kusnet nu sanes
aya nu tiasa teu nyerat dina artikel Pikiran Rakyat teu, Kang Yaya, Bapak
Siddik, Mj, Ua Sas, Kang Oman ?
----- Original Message -----
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, May 19, 2004 1:47 PM
Subject: Re: [UrangSunda] Tim Kampanye Capres-Cawapres


>
> Nya, lain Urang Indonesia bae nu mikirna pondok, da US oge sarua. haha.
>
> mikir strategis atuh. keun we heula AG di posisi capres. pan mun HH turun
alatan teu ngalaksanakeun gawena salaku presiden, sabab garwana nu tilu-opat
parasea harayang jadi first ladi RI, pan diturunkeun tah ku Mahkamah Mamah.
presiden turun, wapres naek jadi RI 1.
>
> soal jargon kasukuan kirang ok teh ceuk saha? naon alesanana? naon bedana
jeung agama? naha mun milih PPP atau PKB bisa asup surga? kasukuan teh
diparake modal oge jang sagala rupa, kaasup jang ngumpulkeun sora. naha sora
partey golkar rea di makassar-sulawesi? sabab faktor Kalla, fadel muhammad.
dicawapreskeun ku SBY, alasan kitu oge.
>
> baca postingan Bah Willy. sagala rupa bisa dijadikeun modal, kaasup
suku...
>
> nya mun sikep generasi ngora US kararitu mah, wayahna we US teh ngan ukur
tukang  lalajo batur we ayeuna mah maranggung di jakarta. da urang mah teu
boga kawani, teu percaya ka sasama us. seler US mah ngan ukur figuran jeung
tukang kabegean ripuhna. seler rapuh, gampangan ngan ukur jadi titincakan
batur.....hag siah!
>
>
> At 02:40 PM 5/18/04 +0700, you wrote:
> >Walah walah boa boa simamang jadi tim sukses AG  yeuh...!hehe, enya
sagala
> >nu ditepikeun ngenaan AG ,si uing ge sapuk mang ngan saratna AG kudu jadi
> >capres sanes cawapres, da ayeuna mah asa kagok atuh, mun milih AG
otomatis
> >milih dununganana (HH), pan geus ka uji HH jadi wapres can katingal
menyatna
> >komo jadi R-1. Kedahna mah nu ngalamar cawapres teh US, janten US
capresna,
> >karek EDUN ! ieu mah ti balik. Sabab nu dilamar mah biasana sok
> >dulangtinande, sumuhun dawuh, nampi wae kumaha sepuh, boa boa perkawinan
ala
> >Siti Nurbaya, diamprok amprokeun, supaya repok.
> >
> >Daripada milih nu can pasti, si uing mah mending milih nu geus pasti,
> >Insyaallah pasti programna, Insyaallah pasti reformisna, Insyaallah pasti
> >amanahna, cing saha ? Keun wae sanes US ge, da ayeuna mah nganggo jargon
> >kasukuan mah kirang ok, daripada milih US dina emprona moyodok ! cing
saha
> >nu era ?
> >
> >Buru buru nyumput sieun ditakol ( trang kana tarang ! ) ku mj..
> >syam ridwan
>
> Mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke