Muhun Bah Willy, duka kumaha eta itung-itunganna teh.
Urang boga minyak atah, dijual atahna ka batur. Urang
meuli minyak atah, diolah diurang. Naha nu dijual
diurang teh minyak olahan urang kitu. Lamun kieu
gawena, nya pasti nu untung mah makelar nya. Sabab
sigana bakal aya komisi sababaraha kalinya. Nya komisi
ngajual, oge komisi meuli. Beda mun minyak atah
diurang diolah diurang, geus jadi karek dijual boh
kaluar atawa di nagri sorangan, dina ayana oge komisi
ngan sakali nya. Komisi ngajual hungkul.
Metode pabaliut kieu karasa ku kuring sorangan. Kuring
lila matuh di Banjarmasin, eta mah sakadang listrik,
da rutin atuh byar-pet teh. Malah gantian, kawasan ieu
bakal pareum poe ieu, sakieu jam. Kawasan lain oge
kitu. Cenah mah eta teh alatan Pembangkitna kurang
gede. Ari pembangkitna teh make batubara. Tah batubara
teh pan gudangna atuh Kalimantan mah, naha bisa kurang
sagala. Simanahoreng meureun batubarana dijual ka
batur.
Tah kabeneran kuring teh aya taunna di Malaya, cenah
Malaya teh salah sahiji anu meuli batubara di urang.
Eta sakadang listrik teh, di Malaya mah teu ieuh
diwatesan geuning. Kumaha lobana make we. Pan naheur
cai oge ngan lima menit ge kurang, da panaheuran cai
teh 900W langkung. Pan diurang mah cenah maksimum
900W, 1200W. Lamun make leuwih pan ngajebrud nya.
Kitu deui LPG, sakadang gas tea. Naha harga LPG di
Banjarmasin leuwih mahan ti Bandung. Ari di Bandung
aya tambang LPG kitu, eta meureun Kamojang nya. Tah
cenah mah LPG mentah kalimantan teh diolah di Jawa,
geus jadi sawareh dijual deui ka Kalimantan. Pan teu
puguh nya.
Contoh leutikna we, eta karajinan tangan Tasik,
sabangsa kelom geulis, payung Tasik tea. Eta karajinan
teh dijual di Langkawi, tempat wisata di Malaya,
Balina Malaya lah kira-kira. Eta barang teh dijual
lumayan di Langkawi, jeung teu make merek Tasik deuih.
Merekna teh Langkawi. Meureun meuli ti Tasikna mah
ngan sabarahanya.
Enya lieur nya puguh ge.
--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ceuk cenah, kilang minyak nu aya di nagara urang,
> mroses minyak atah ti
> nagara Aab, terus ari minyak atah ti nagara urang
> mah malah dijual kaluar,
> da cenah kualitasna leuwih alus. Duka atuh jadi
> pabaliut kitu. Minyak atah
> produksi urang oge cenah mah teu bisa dijieun minyak
> solar atawa minyak
> tanah. Solar jeung minyak tanah nu dijual di nagara
> urang sadayana oge hasil
> impor. Jadi sanajan minyak atah naek hargana
> dipasar Dunya, Indonesia mah
> tetep rugi, da kudu ngimpor BBM terutami solar jeung
> minyak tanah. Lamun
> minyak atah turun, tetep oge rugi, da penerimaan
> nagara jadi kurang
> .........hehehehe.......... naha jadi lieur kieu
> nya?
>
> -BahWilly-
>
> ----- Original Message -----
> From: dudi
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Sent: Friday, May 21, 2004 1:51 PM
> Subject: Re: Minyak 41 dollar/ barrel euy! --> Re:
> [UrangSunda] Re: Profile
> AGUM GUMELAR
>
>
>
> Perkawis minyak lantung anu hargana melambung,
> saliwat mah leres kuduna mah
> kwas anu diprediksi ku Mang Je. Mung raraosan mah
> ayeuna pamarentah tos
> dijebak ku tukang dagang. Ayeuna mah minyak urang
> pajarkeun teh diexport
> kusabab kualitetna alus, terus urang kudu meuli
> minyak ti pasar
> internasional ku alesan goblaisasi jeung wto tea,
> jadi lamun pamarentah
> hayang netepkeun harga bbm dalam negri sapertos
> ayeuna APBN kanggo subsidi
> bbm kudu ditambah lamun henteu harga bbm didalam
> negri kudu dinaekeun,
> rakyat kudu siap-siap ngala suluh deui kaleuweung,
> leuweungna geus gundul nu
> matak banjir akhirna rakyat jadi lieur! kawas
> kuring.... he... he...
>
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Domains � Claim yours for only $14.70/year
http://smallbusiness.promotions.yahoo.com/offer
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/