Aeh, nepangkeun ah, kang EnjangTahu teh baraya enggal nya? didieu mah seueur nu icalan, kang. Abi wae ge dagang buku sareng dagang bajigur, dupi kang Enjang icalan tahu?
Aya oge nu icalan raginang/ranginang, bilih bade pesen tiasa ka kang Hendri di Cikarang, aya raginang amis, aya raginang asin.. (nyebat raginang teh da dina ensiklopedi sunda diseratna raginang, tp abi ge ketang nyebatna raginang..) Bade ngagaleuh kurudung?? aya deuih, teh Pupuj, mung ayeuna nj di Banjar, ari icalanna mah di Batam.. Bade ngagaleuh printer Epson? aya oge ka kang Hendri oge teh Ani.. Bade ngagaleuh ember atanapi sarupaning parabot tina plastik, tiasa ngoling ka kang Surya... (sono ka kang Surya, kamana wae nya ci akang eta?) Ari nu icalan kaos mah nyaeta mang Jamal (kuncen#3).. bilih bade pesen mah mangga bae pesen ka Mang J, ukuranna we naon, aya S, M, L, XL.. tambihanna mah langkung sae, langsung bae ngajapri ka Mang Jamal :) sakitu ah... ~pupi~ urang Garut tp ngumbara ka Jatinangor --- In [EMAIL PROTECTED], Kang Enjang <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ke..ke..ke...punten para wargi, kukupingan teh aya kaos-kaos kitu. > Naha aya icalan kaos di kusnet teh ? > Punten da sim kuring mah teu acan terang... Eta sanes anu gambarna dikintun ti MJ ? Sabaraha hargana sareng ka saha tah upami abdi hoyong pesen ? > > ESAM Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

