eta MJ mani keukeuh sureukeuh...hoyong milih agum...
kieu we ayeuna mah .. mj tetep milih agum.. neng Dewi keukeuh milih amin...
keun we milis ieu sina bebas milih presidenna.. masing milis ieu milik urang sunda.. teu aya lepatna salah sawios ra'yat babakan kusnet boga pamadegan sewang sewangan.. da upami ditaroskeun kunaon alesanana milih agum atanapi amin... moal aya titik temuna.. da masing masing gaduh alasan anu subyektif...
 
tatan
 
-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, May 24, 2004 4:09 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [UrangSunda] pilih presiden sipil: Amien Rais + Siswono


haha...da postingan amin rais +siswono mah tos lami. ayeuna mah si kuring milih Agum.

soal teu malire kasundaan, agum kantos janten sponsor tunggal acara sawengi di tatar sunda, di jakarta. acara nu kaetang rohaka, ditongton ku ceu mega oge gegeden sanesna.

perkawis apal kasaean jeung kagorengan para capres cawapres teh ngan ti koran tv wungkul. sadayana oge ceuk cenah. hate kuring mah ka Agum. bae manehna teu wawuhan oge. cik atuh US teh ulah ngan jadi menteri wungkul, jadi wapres (kungsi, Umar Wirahadikusumah), ke kapayun jadi pres.

hese da ari tangtara mah, sagala kudu ceuk komandan. mentana nasionalis ongkoh. tapi ari disodoran mah proposal, eta acara sawengi di tatar sunda ceuk cenah sae pisan.

ceuk toongan nu belegug siga si kuring, kaayaan nagara teh moal tereh beres, sing saha presidena oge. sabab budaya orde baru geus pageuh narapel di rahayat utamana pagawe negeri/birokrat. puluhan taun kitu. panyawat tea ceuk kang oman mah. sagala rupa maen sogok (cenah).

ayeuna presidenna ceu mega, atawa orde repotnasi, korupsi teu ngurangan, malah beuki rongkah. chaos atawa eporia tea. kudu aya presiden nu bisa ngabongkar akar nu tos napel kuat di birokrasi....sanes pagawean sataun dua taun...sigana. lima taun oge duka teuing...da ieu nagreg teh gede pisans.

duka kamarana atuh hasil panataran p4 teh....hiks.


At 04:16 PM 5/24/04 +0700, you wrote:
>Ey......MJ mah kitu, hanas uing kaluar, nyempod deui atuh
>ah.....hehehehe....
>Sanes kunanaon MJ, ani mah upami aya anu sanes we US janten capres +
>cawapres anu sapertos Apa Siddik, kang Yaya, Ua Sas, MJ, Kang Oman jeung
>US-US anu paduli kana kasundaan na abdi pasti haged pisan, da kang Agum m

Mj

http://geocities.com/mangjamal



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke