ceuk bedja, militeristic teh adat suradat militer. apan ngarana oge aya militer kitu.  

beh ditu, mun noong tina ngadegna ieu nagreg, peran tangtara gede pisan. da ongkoh 
ceuk cenah mah urang teh berjoang make bambu runcing tea. beda jeung nagara jiran nu 
merdekana sasat mah hadiah, teu diperjoangkeun heula ku nyawa. jendral besar sudirman 
kukubutan di leuweung bari geuring tea, ditandu, gerilya, sangkan dunya apal, tentara 
ri aya keneh. harita asana mah, pamarentah sipil bk, geus  semu ditawan ku tentara 
pendudukan walanda jeung baladna

jadi di urang loba taman makam pahlawan, jeun kalolobana tangtara.

ceuk cenah deui, tangtara masih boga keneh ageman politix, tapi politix nagara. nya 
maksudna mah meureun ngajaga kautuhan nagara, lain kautuhan nu berkuasa deui siga nu 
enggeus-enggeus.

ku budaya militer nu kuat kitu, oge meureun ku semboyan siga siliwangi adalah rakyat 
jabar (jeung banten) oge rakyat jabar jeung banten adalah siliwangi (ieu conto 
wungkul), dunya militer teu jauh ti kahirupan rahayat somah sipil sapopoe. budaya 
tangtara nyebar ka rahayat oge ka parpol.

nepi ka aya satgas parpol nu marake seragam loreng, sanajan lain seragam tangtara 
resmi, tapi eta peta kitu teh -make seragam loreng- geus nyirikeun sikep nu 
militeristix. dan ngan militer wungkul nu make seragam kitu mah. beh ditu aya pemuda 
pancasila oge ams nu sok make seragam belang teh.

sanajan ngan ukur baju, tapi efek surefekna gede. kaasup kana kawani nu jadi hudang 
alatan make seragam. baju loreng teh kaasup pakean kamuflaseu, jang nyamarkeun diri ti 
tetempoan musuh, nu ilahar aya di dunya militer-perang.

Mj

http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke