Tadi tabuh sawelasan, opatan,kuring jeung balad
tiluan ulin ka RRI Bandung, rek mendakan Pa Juju, da geus jangji
tianggalna.
Enya
we Pa Juju teh tos ngantosan,....bari sakalian ningalikeun arsip arsip baheula,
diantarana beluk/ pantun beton, kendang penca, wawacan, sareng
pupuh...!
Kuring
giak kacida, menta sangkan direpro kana CD...Pa Juju nyanggeman..enjing pageto
cek deui saurna teh..!!
Beres
ti RRI, Kang Jajakakapakan ngabiur mawa mobil sangeunahna, sugan teh rek balik
deui ka kantor, ari pek teh kalah ka ulin ka Punclut Dago,.....neangan sangu
beureum jeung pais peda, enya manggih, ngan hanjakal keur kuring mah
asa aya bagja teu daulat, da kapan padaharan keur rada
dipantang.
Kira-
kira tabuh satengah satu MJ ngebel, mun bisa mah kuring kudu datang ka Ulang
Taun na Pa Duduh Durahman di Rumentang Siang, sakalian aya pintonan kasenian
Sunda, puguh we keur kuring mah jadi pungak pinguk, da rada jauh ti Punclut Dago
teh, mana apan geus liwat tina waktuna.
Hampura MJ, teu kaburu da nepi ka kantor ge satengah
dua leuwih.
Balik
deui kana repro CD ti RRI Bandung, lamun tea mah hasilna alus, nya meureun lamun
aya nu perlueun teh teu hese teuing neangan atuh lamun aya nu pesen tinggal
ngarepro deui bae, ngan duka tah ari kitu ijin HAKI-na kumaha
nya..?
MSasmita
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

