Rampes Kang,
 
Hatur nuhun kana komentarna. Salajengna bade mairan deui, dibabaran palih handapna penggelan posting salira (disingket: SAZ) sareng nganggo basa Sunda bae. Sim kuring (manAR) percanten, salira ngartos kana basa Sunda sok sanaos, mungkin, ngucapkeun atawa nyeratkeunna mah rada sesah. Mangga di handap ieu:

suherly_az <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

SAZ:
Punten

Bukannya Kaganga Itu Huruf Redjang(Sumatra) dan Huruf Kawi Kuno. Apakah ada kaitannya dengan huruf Sunda atau huruf kawi kuno itu huruf Sunda ??
manAR:

Leres, tiasa bae Kaganga teh oge ngarupikeun huruf Rejang (Sumatra) sareng Kawi Kuno. Leres oge, ayana kasamian nami teh nunjukkeun sumberna anu hiji. Sakumaha dina posting sim kuring ti payun, "Kaganga" teh nami aksara anu dicandak tina susunan 3 kalimah (suku kata) pang payunna, jadi heunteu heran upama eta nami aksara diaku ku tiap suku bangsa anu migunakeun eta aksara.

SAZ: 
Mungkin juga soalnya kalau dipelajari dari sejarah Nusantara dan jawa sebenarnya kelihatannya Kebudayaan Sunda lebih Tua daripada anggapan selama ini yakni kebudayaan jawa yang lebih tua. Bahkan yang terkenal
dari nusantara pertama kali di dunia internasional adalah Raja Dewa warman yang mengirimkan duta diplomasi ke China (kurang lebih 300 M sekitar Jaman Raja Salakanagara jauh sebelum Kutai apalagi Jawa tengah muncul bahkan nama salakanagara tercatat di Yunani ...zaman para
filosuf  wah keren)

manAR:

Leres, tina anu kapendak ku sim kuring, kabudayaan Sunda leuwih kolot tinimbang Jawa atawa Sumatra. Tingali bae, upamana, seratan Saleh Danasasmita ("Rintisan Penelusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat"?RPMSSJB, 4 jilid, dina bahasa Indonesia) anu sumberna tina Naskah Wangsakerta (NW). Dina RPMSSJB atawa NW, kabudayaan Sunda parantos muncul dina tahun 140 samemeh Masehi (-140 M). Malah nya raja-raja di Jawa oge Mulawarman anu di Kutai aya pancakakina, kawitna ti Salakanagara (Mulawarman teh aki ti gigirna Purnawarman)

SAZ:
Mungkin ahli lunguistik dan ahli fonetik dan sejarah bisa merunutnya lebih jauh sekaligus bisa dicek dari prasasti peninggalan sunda kuno

manAR:

Nya eta pisan, dirumuskeunna yen huruf Sunda teh huruf Kaganga sareng LAIN huruf Hanacaraka, dumasar Prasasti anu aya di Tatar Sunda. Diantarana, Prasasti Kawali I sareng II anu aksarana lain aksara Hanacaraka. Jadi, ringkelan Aksara Kaganga teh aya buktina, nyaeta prasasti Kawali.

Saleresna, numutkeun kuncen pajaratan Cipanjalu, aya hiji Prasasti di Cipanjalu anu hurufna beda jeung tulisan sejen jaman baheula. Namina eta prasasti: HAJAR HADI anu ditulis ku guetah WINDU WULAN. Hanjakal kuring can kungsi ningalian eta prasasti. Tapi lamun enya aya, sangkaan yen kabudayaan Panjalu minangka leuwih kolot ti Kawali, tiasa dibuktikeun.

SAZ:
Sabenerna Kuring lewih yakin bahwa kabudayaan Sunda leuwih kolot tibatan Jawa bahkan ayana Kabudayaan Jawa anu berkembang nepikeun Kamboja teh bisa jadi ti Sunda keneh

manAR:

Muhun, sim kuring oge ngagaduhan kayakinan anu sami. Ngan anu nuju diemutan teh, kunaon transformasi kabudayaan Sunda teh siga ayeuna wujudna, ringkesna, rada kurang bisa ngimbangan panarajang budaya anu lian. Leuwih pasna mah patarosan teh kieu: "Naha aya hikmah naon anu tiasa digali tina hiji kabudayaan anu mash aya wujudna anu mdalna leuwih ti heula?"

SAZ:
Aya anekdot kieu

Sunda asalna teh ti sanad (Arab) anu hartina Sandaran

manAR:

Dina buku "Kasundaan Rawayan Jati", Abah Surya ngaguar harti kecap Sunda aya kana 25-na. Eta teh kecap Sunda anu ngawengku (anu aya) dina sababaraha basa, sapeti: Sansekerta, Kawi, Arab, jsb. 

SAZ:

Huruf jeung bunyi Akasara Kanganga teh tiasa dilihat dina situs http://www.omniglot.com/writing/redjang.htm
atau cari lewat  "Google", jst.

Wallahu'alam

manAR:

Hatur nuhun informasina, kalintan munelna kanggo ngabandingkeun Kaganga Sunda sareng Kaganga anu sanes.

Baktos,

manAR

 

>
> Numutkeun Abah, Kaganga teh ngarupakeun huruf asli buah kabudayaan
urang anu kapanggih tina prasasti-prasasti anu aya di Tatar Sunda,
titinggal karuhun urang. Ieu susunan abjad Sunda teh di sawatara
tempat disebut ku rupa-rupa ngaran, saperti aksara Dasabagawa
(uningaan, upamana seratan Kang Yoseph iskandar anu medar sasakala
huruf Sunda "Dasabagawa"). Namung, saur anjeunna, sebutan aksara
Kaganga langkung merenah dumasar kana susunan eta aksara jeung
alamiahna runtuyan kaluarna sora ejaan tina awak urang dina susunan
aksara Kaganga.
>
>
>
> Salengkepna ejaan atawa aksara Kaganga teh aya 24 huruf (anu
diwujudkeun dina huruf awal "suku kata") anu diwangun ku 15 huruf anu
asli ti Sunda, 2 huruf meunang ngunyang tina Basa Arab, jeung 4 huruf
anu karembesan ti aksara /ejaan Latin. Susunan anu 24 huruf teh
nyaeta:
>
>
>
> KA GA NGA TA DA NA PA BA MA YA RA LA WA SA HA (15 anu asli Sunda);
>
> SYA KHA (2 aksara dicokot tina Basa Arab)
>
> VA FA XA ZA (4 aksara rembesan tina abjad Latin).
>
>
>

> [Non-text portions of this message have been removed]



---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com

to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke