MSasmita [EMAIL PROTECTED]
Paribasa teh ceuk kuring mah hiji hasil karya para genius lokal anu tangtu bijilna sanggeus neuleuman pola pola kahirupan sabudeureunana, hartina paribasa bisa jadi, jadi salah sahiji papagon kahirupan keur bangsa Sunda, geura aya paribasa anu unina "Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok" sakuduna ungal unggal bangsa Sunda geus nyaho pihartieunana, ceuk salah sahiji buku anu kungsi dibaca hartina teh "najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa", didieu bisa bae ngandung harti kudu sabar, kudu leukeun, kudu getol, kudu daekan ulah bosenan
Nu disebut cikaracak, nyaeta cai anu nyakclakan atawa ngerecek leutik tina hiji sumber cai biasana mah dina alam pagunungan sisi lamping, ana kitu kaayaan alam waktu dijieuna eta paribasa teh cocog pisan jeung kayaan alam Tatar Sunda, da mustahil dijieun ku bangsa nu teu kungsi ningali cai nyakclakan, sedengkeun ari cai nyakclakan poisisna sumber cai kudu aya di luhur.
 
Mangga para wargi anu kagungan pepeniran perkawis kasang tukang "Paribasa", sok geura guar !!!.
Dipitembeyan ku sim abdi, bade nyobian mesek kasang tukang paribasa : "Cikaracak ninggang batu laun-laun cikaracakna beak" ehhh ....etama paribasa Kusnet !!!!.
"Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok", hartosna mah parantos dipedar ku kang Sas !!!, kasang tukang na mah kieu (punten upami lepat !!! parantos 40 taun kapengker);
Kacarioskeun jaman kapungkur aya hiji santri anu nuju nungtut elmu dihiji pasantren, namung duka teuing bakat ku beteng !!, parantos 3 ~ 4 taun masantren, tiasa disebat teu acan aya hasilna, eta santri ngaraos/rumasa, yen manehna kaelehkeun pangartina kusantri-santri sanes, anu datang langkung pandeuri ti manehna.
Hiji mangsa manehna ngalamun :"Lamun kaya kieu, puluhan taun aing masantren tetep moal aya hasil !!!, karunya Abah jeung Ambu dilembur, anu geus mekelan aing !!, tinimbang  aing meakeun waktu keur masantren anu tangtu moal aya hasilna !!, leuwih hade aing balik kalembur mantuan Abah ngagarap sawah !!!". 
Pondokna carios, eta santri teh pamitan bae ka Ajengan yen manehna bade wangsul,
ku Ajengan oge dihulag, sareng dipapatahan nungtut elmu mah kudu sabar, sareng sagala rupi. Tetep anu ngahulag keukeuh anu pamitan, tungtungna Ajengan eleh deet,
akhirna Ajengan ngawidian eta santri balik kalembur.
Enjingna rebun-rebun saparantos pamit kababaturanana gejlig bae eta santri miang seja rek wangsul kalembur, saparantos ampir satengah dinten lalampahanana, bakat kucape
manehna ngareureuhkeun cape diuk dina hiji akar tangkal anu aya disisi lamping, bari nyanghareup ka lamping,  brak muka bebekelan, reres dahar hanaang hayang nginum luak lieuk milarian cai, breh hareupeunana aya batu hideung datar aya liang nyangkowak sagede gayung dieusi cai, tuluy menehna nyampeurkeun eta batu maksad rek nginum, beres nginum kakarek manehna merhatikeun eta cai anu aya dina cangkowakan batu, tetela eta cai anu aya dina batu teh mangrupa cai karacak, anu ngeclak sakeclak-sakeclak tiluhur tina lamping batu !!, leng manehna ngahuleng ; "Sabaraha puluh atawa ratus taun eta cai ngeclak ninggang kana batu, nepi kabisa nembus batu gunung anu sakitu teuasna !!!, lamun kitu ..... naon hartina aing masantren karek oge nincak taun kaopat geus nyerah !!!,...... geuning cikaracak oge ninggang kana batu laun-kaun bisa jadi legok !!!!!.
Saparantos kitu, buled tekad eta santri rek sapuluh rek dua puluh taun, asal bisa ngalap elmu dipasantren, moal weleh dilakonan !!!.            
Gejlig eta santri wangsul deui ka pasantren, seja neraskeun nungtut elmu !!!!. 
Tah kitu upami teu lepat mah kasang tulang paribasa ;"Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok" anu ampir sami hartosna, nyaeta : "Asal keyeng tangtu pareng".
Mangga kirang lakungna nyanggakeun kaparawargi.
 
Pihatur,
SSW
    
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke