mang
je.. ieu mah lamun ceuk abdi oge..perkawis, bonek.. muhun nyaah ka persebaya teh
naning nyaahna lolong tapi beunta.. nyaah sabulang bentor pokona persebaya kudu
meunang masing maenna eleh oge eta prinsipa bonek, teu boga duit oge ngadukung.
anu antukna ngarugikeun anu lain.. kamari tah kakara kajadian dua gerbong kareta
ti bandung ka surabayakeun.. PT KA rugi da teu mayar ... janten abdi mah
mung nyontokeun ngadukung ka calon US teh ulah siga bonek..
punten
lamun aya kasuat manah ku abdi di sebatkeun bonek...
-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, June 02, 2004 4:02 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] SI KABAYAN TOKOH SUNDA..
Kang Endang Tatan, teungteuingeun euy mere conto teh. sanajan conto, nya atuh sing rada aya beunyeuran.
si kabayan tokoh sunda? ti iraha?
tokoh soteh dina carita sastra euy! lain dina hirup-hirup urang sunda.
kabayan hirupna dina alam imajinasi urang sunda. dipikaresep, sabab salah saratus adat urang sunda resep (carita) heureuy.
perkawis bonek, bondo nekat, lain soal salah bener. barina oge naha bet kudu nginjem ka urang surabaya? da di urang ge teu kurang istilah bobotoh.
bonek teh bobotoh jatim nu bakat ku nyaah jeung ngadukung, teu boga duit jang naek kareta api ka jakarta maksa. teu aya urusan salah bener kang.
lumpatna ulah ka dinya. tapi ka nu rada gagah saeutik: INGGRIS. UK.
maranehna boga sikep PARTRIOTIK nu luhur. nepi ka aya paribasana, Wright or wrong is my country. kadinya lumpatna. ulah ka bonek.
barina oge naha bet keukeuh embung milih urang sunda, siga urang mana bae..? milih batur mah naon nu jadi kareueus? da kabeh oge nu jadi presiden atawa capres, pastina ngupayakeun satekah polah sangkan nagara maju. suharto oge asana mah kitu, beh dituna mah.
Mj
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

