sababaraha kali Agum asup tv ditanya ku nu hadir. jawabanana nu meureun memang konsepna (visi misi ceuk legegna mah), eta soal pendidikan. atikan. rek diprioritaskeun. make conto nu eta2 keneh:
baheula malaysia nyakolakeun barudakna ka Indonesia, ayeuna mah tibalik cenah. enya, kuring kungsi ningal keur anyar ka bandung, di gigireun rektorat di balubur, aya Asrama mahasiswa Malaysia. sababaraha taun kadieunakeun pindah ka supratman, terus we euweuh. geus palinter urang malaysia teh. malah mah kamajuanana ninggalkeun urang. AG keur ngora di Bandung. apal pisan sigana kaayaan harita. TKW kahayangna mah, TKW teh dilatih heula memeh nyaba. sangkan teu ngan ukur jadi PRT wungkul. jeung saterusna. si kuring lain tim sukses AG. ngan urang sunda nu hayang aya urang sunda makalangan. hayang boga kareueus ka seler sorangan. teu agul ku payung butut, payungna oge teu boga deuih... MAHASISWA duka di tv mana, poho deui, manehna (AG) pesen ka msiswa, hirup kudu konsisten. diharitkeun ku kuring, mun keur msiswa demo anti korupsi, geus jadi inohong oge kudu keukeuh kitu. da kabuktianana mah teu kitu. ikut arus tea. HUKUM AG keukeuh yen sagala rupa kudu disiplin kana hukum. nu salah saha bae oge, kudu diproses secara hukum. jeung nu penting, kudu diantisipasi ti awal mula. manehna ngahanjalkeun kasus AMBON. mun diurus ti keur leutik keneh mah eta kasus teh moal ngagedean. conto lain, PKL. mun aya hiji jalan nu teu meunang jadi tempat PKL, heug aya PKL nu dagang di dinya, kudu geuwat dicaram. mun diantep, engke PKL sejen daratang, ngalobaan, antukna mun rek dibeberes teh, cenah, nya ngaramuk, da jadi komunitas, jadi loba balad. ieu metoda militer memang, tapi efektif jang negakeun hukum bin aturan. POLITIK basa Gus Dur keukeuh rek make jurus pamungkas, Dekrit Presiden, AG jadi menteri teuing harita. manehna badami jeung Panglima TNI harita, nu ti AL, yen rek teu satuju. ngan urang mah teu arapal kumaha gawatna harita. da eta mah politik tingkat luhur, sabudeureun istana presiden. PERHUBUNGAN urang kalolobana noong AG teu becus jadi menhub. da teu apal bagean mana nu becusna. pedah aya kareta tabrakan, jrrd. manehna teh lain jalma atah2 siga urang. goreng2 oge jenderal (anggap jendral teh jelema jegud, mun di kampus mah kelas dewa alias profesor). mun nenjo kitu, urang sunda teh teu belegug teuing gening, capetang wanian teuneung ludeung. teu eleh ku nu sejen. sanajan masih cita2....kecap nomer hiji. duka pangna kitu teh, manehna jenderal, atawa memang jatidiri urang sunda.... OBJEKTIFITAS si kuring muji ka urang sunda di kusnet nu aredun bin hebring, sabab kalolobana marake akal sehat siga minyak goreng tea. maksudna mah objektif, sanajan tangtuna teu bengras, naha objektif eta teh dumasar kana kajembaran pangaweruh jeung asak pikiran atawa memang geuleuh ka urang sunda sorangan. piraku mun kitu. CAPRES CAWAPRES numutkeun sikep jeung kondisi HH jeung AG, sigana capres kahareup mah moal make cara Orde Baru. komo dan tina naon nu katoong, dina tv, katingal AG leuwih pertentang. Ari HH mah, santai dina harti manehna mah tawakal. PAMINGPIN AG sababaraha kali nyarita, yen EUWEUH pamingpin nagara nu hayang rahayatna sangsara..... geus ah, da lain tim sukses AG, ngan kuring urang sunda. asa reueus mun aya US makalangan teu ngan ukur cacing cau.... Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

