hehe...hirup mah asa cape mun sagala dikompetdaunkeun. alusna mah jembar. apal palebah mana boga sikep.
piraku urang keuheul ka nu ngaduruk eta seni instalasi karya kang Tisna (biasana disebut oknum), terus ambek ka sakabeh tangtara di ieu nagreg? urang teu resep ka militer dina hal mingpin nagara, lain kunanaon, pedah kamari dipingpin ku jendral besar HMS salila 30-taunan. kahariwang kitu soteh ngan hirup di masyarakat kelas menengah-terdidik. da maranehna nu ngarasa ugetna (kebebasan, demokrasi, jrrd) dihalangan ku militer. militer make alesan kestabilan nasional. ari rahayat leutik mah, teu boga pikiran pamingpin nasional teh rek tentara rek sipil. da loba cenah nu rindu ka HMS, sabab kondisina kaitung leuwih hade. beas aya jeung murah, minyak tanah aya jeung murah, jeung sajabana. persis siga kolot baheula nu rindu ka jaman normal, jaman keur dijajah walanda da cenah, kahirupan leuwih alus. ayeuna ceuk cenah, ABRI geus direformasi oge, pulisi misah jeung tni. malah aya aturan, TNI teu milu politik praktis deui, letkol atawa kolonel dines keneh moal bisa deui jaradi bupati ,brigjen mayjen letjen dines moal bisa jadi gubernur deui. kudu geus pangsiun heula. poisisi TNI di ieu nagreg masih keneh can beres, atawa can merenah. di negara batur mah, panglima TNI oge tangtarana teh handapeun menhamkam, pulisi handapeun depdagri. di urang can kitu. da dina sagorengna oge si serdadu, urang teh butuh. lain urang ketang, nagara. tapi ku sabab elemen nagara teh aya tilu tea: lemah cai/wilayah, nu ngurus jeung rahayat, tah urang ge butuh, da kaasup rahayat. kuring teu mungkin keuheul ka (mayjen) Iwan Ridwan Sulanjana, panglima kodam Siliwangi-sebut we si eta -da panglima- nu nitah ngaduruk karya kang Tisna- terus keuheul ka IRS oge cacap ka ka Agum 'Gelo' Gumelar. asa teu asup akal kudu nyakompetdaunkeun jelema atawa tangtara, komo nu geus pangsiun jeung keur jadi menhub atawa ketua KONI. Agum teu kungsi jadi Panglima kodam siliwangi. kungsi di Makassar, wirabuana, asana mah ngaganti Agus WK nu ditarik ka Kostrad pusat. basa di makassar aya kerusuhan, alatan aya cina nu ngabacok budak leutik pribumi, AG nyarita ka anak buahna nu rek mareuman eta karusuhan, "kuring embung ngadenge aya sora bedil..." eta akuan manehna tadi peuting di RCTI bareng Aa Gym. sakitu -------- Basa hasil kesenian aya nu ngaduruk di Babakan Siliwangi, ceuk cenah mah nu ngadurukna teh polisi pamong praja tapi di PR di paluruh deui polisi pamongpraja mah ngan ukur di titah, anu nitahna teh urang KODAM, da barang anu diduruk teh geus ngahina militer, tah waktu aya anu diduruk eta, aya urang bakus anu ngilu pangnyerikeun jeung pangkeuheulkeun ka militer, na ari ayeuna aya tokoh militer kena kena ti urang sunda, poho we kanyeri waktu harita teh.. lamun konsekwen mah sakali anti militer tetep anti militer, tong kena kena militerna US... poho we.... Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

