Para wargi ieu mah etang-etang informasi ti nagri ginseng, malah mandar aya anu tiasa janten conto kanggo urang atanapi diterapkeun dilemah cai.
Timpah tipayun, neda agung pangapunten jembar hampura tisadaya baraya di babakan Kusnet, kumargi ieu seratan teh tebih disebat ilmiah, ieu mah estu wungkul anu kasaksian, katinggal,kakuping sareng karandapan ku sim abdi.
Hapunten oge sim abdi mung tiasa midangkeun perkawis kaayaan di Korea wungkul, da mung eta-etana anu terang.
Legenda
Numutkeun carios/legenda anu dipercanten kusabagian ageung rahayat Korea, yen karuhuna bangsa Korea teh hiji jalema anu turun tilangit ngaranna Tan Gun, sanggeum dina eta legenda ;
Tan Gun turun tilangit digunung Bek du, didongkapan hiji maung sareng hiji biruang, anu neda hoyong ditikah ku Tan Gun,
Mung bae Korea gaduh nasib langkung sial dibanding sareng RI, geura bae anu nyerah ka sekutu teh Jepang, ari anu diacak-acak nagarana ku sekutu, Korea, kabagi dua janten Korea kaler sareng Korea kidul, Korea kaler aya dina pangawasan USSR (harita) Korea kidul aya dina pangawasan sekutu.
Korea kaler dipresidenan ku Kim Il Sung ari Korea kidul dipresidenan ku Dr. Rhee Sing Man.
Kumargi Korea kaler teu narima ayana dua Korea, nya saparantos sababaraha kali badami anu gagal bae, atuh der perang campuh !!! mang taun-taun (1950 ~ 1953)
Korea kaler dibantu ku USSR sareng China, atuh Korea kidul dibantu ka Sekutu (Amerika cs.), Korea kidul kateter, wilayahna ampir seep, harita anu masih janten wewengkon Korea kidul kantun provinsi Kyongsangnam-do (ayeuna) caket kota Pusan.
Kapaksa Amerika ngirimkeun tantara bantuan dikomandanan ku Jenderal Mac Arthur,
(1953 )Mac Arthur ngadaratkeun wadya baladna di palabuhan/kota Incheon, lajeng motong norobos kapalih wetan semenanjung, atuh tantara Korea kaler anu tos ngajorag ka katungtung samananjung Korea dipotong, derrr deui perang campuh. Sajabi ti kota
Pusan sareng sababaraha kota alit sabudeuereun Pusan, kota sareng daerah sanes mah janten kancah/medan peperangan, tantara Korea kaler anu kakepung ku tantara Mac Arthur ludesss, duka teuing sabara rewu nyawa !!!.
Pondok na carios, saparantos perang mang taun-taun, kalawan saparatos sababaraha
kali rundingan akhirna, satuju tidua pihak; Korea kaler + USSR + China sareng Korea kidul + Sekutu (Amrik sareng kamradna), pikeun ngayakeun gencatan sanjata 1953.
Ma' lum nagara anu nembe rengse perang, kaayaan nagri amburadul, kahirupan rahayat kacida waluratna, ekonomi mah teu kedah disebat deui.
Kaayaan kitu teh aya kana sababaraha tauna (1945 ~ 1961), dugika hiji waktos Jenderal Park Chung Hee anu harita janten Panglima KOSTRADna Korea, ngayakeun/ngalaku
keun kup/ngagulingkeun presiden Rhee Sing Man.
Jaman Presiden Park Chung Hee
Perkawis kahirupan politikna mah ku sim abdi moal diguar panjang lebar, namung hiji hal anu tiasa kauninga, dina jaman harita demokrasi ditalikung kalayan dibekem.
Ti ngawitan ngalinggihan korsi kapresidenan, presiden Park Chung Hee, lajeng tatahar ngayakeun rupi-rupi parobihan, diantawisna ;
1. Ngalakukeun undang-undang darurat perang
2. Ngarombak susunan kabinet
3. Ngutus para pembantuna pikeun ngalakukeun study banding (sanggem istilah
urang mah) kanagara-nagara tatangga, diantawisna oge ka Indonesia (hal ieu
kantos ditayangkeun dina sinetron, judul,waktos sareng TV na mah lapur hilap deui)
Khusus hasil tina ngalakukeun study banding ti Indonesia, para pembantu presiden
kenging ; Gotong royong, Berdikari, Swadaya, Koperasi, jrrd., saparantos
ditambihan ku hasil kenging study banding ti nagara-nagara sanes, kalayan di
bumbuan, dikirangan sareng ditambah, namung bahan utamina mah tetep ;
gotong royong, gubrag lahir Se ma eul undong, anu hartosna ;
se = anyar, ma eul = masyarakat/kampung, undong = gerakan/senam/olah raga,
janten hartosna : Gerakan masyarakat anyar !!!! .
4. Ngabewarakeun sareng ngamasyarakatkeun Semaeul Undong kasadaya tatar nagri
Korsel dina sagala widang kahirupan masyarakat, sosial, patani, nalayan, peternakan
industri perdagangan sareng ekonomi.
Dipakampungan, dikota rahayat dibetot supados gotong royong ngomean, ngawangun
pakampungan, kalawan dicontoan ku pihak pamarentah timimiti lurah dugi ka
presiden.
Widang ; ekonomi, dagang, patani, nalayan sareng peternakan diwangun koperasi-
koperasi.
Dina widang industri, ngawangun pabrik-pabrik mesin pertanian, pabrik mobil
dingawitan tina ngarakit mobil-mobil butut sesa perang, mroduksi badan mobil di
damel tina drum tilas minyak sedadu Amerika, salajengna saparantos sababaraha
taun nembe ngayakeun kerja sami tekhnologi sareng Jepang.
Awal taun 1970 an ekonomi Korea kidul tos katinggali igeug-igeug, nguliat, sanaos teu acan "go internasional".
Dikomporan kulagu-lagu Se ma eul undong/panghudang sumanget upami di TS mah panginten sabangsa lagu ; Sabilulungan, Karatagan Pamuda sjb. anu digederkeun ti studio radio, TV, speaker tikantor-kantor pamarentah !!, ekonomi Korea kidul ngarayap,
sahambal-sahambal nanjeur.
Sajabina pangwangunan anu kasebat diluhur, Park Chung Hee oge ngutamikeun pangwangunan tatali marga, bendungan sareng irigasi, malih waktos hasil beas teu acan nyekapan kabutuhan lebet nagri, disadaya restoran satatar Korea dina dinten Rebo sareng dinten Sabtu teu aya sangu tina beas, ayana sangu kacang-kacangan.
Namung kumaha hasilna dina taun 1977 Indonesia nambut beas ti Korea duka sabaraha puluh rewu ton ( tos kabayar teu acan nya ???).
Nasib teu beunang dipungkir kadar teu beunang disinglar, duka teuing hukum karma pedah seueur teuing kasalahan !!, eta presiden Park Chung Hee gaduh nasib matak pihanjelueun !!, teu kitu kumaha, isterina anu harita janten Ibu Nagara (First Lady) taun 1974 maot katembak ku agen ti Korea kaler, waktos ngaresmikeun gedong "National Theatre", disebat ka tembak margi anu diincermah presiden Park Chung Hee, bregg hujan cimata rakyat satatar Korea. Ti sawaktos istrina maot presiden Park Chung Hee henteu nikah deui, kapaksa putrana anu isteri anu harita nuju rumaja putri ngagentos tuang ibu janten Ibu Nagara (First Lady).
Dina taun 1980 presiden Park Chung Hee ngalaman nasib anu sami sareng istrina, ditembak ku pembantuna anu dipercanten nyaeta Kim Jae Kyu, anu harita jabatanana Kepala CIA Korea di hiji jamuan tuang.
Park Chung Hee ninggalkeun dua putra, anu kahiji Park Keun Hae, kadua Letnan Park Ji Man sareng harta mangrupi hiji bumi titinggal. Akhirna Park Ji Man prustasi ninggali putra-putra presiden salajengna anu breh pausahaanana, breh simpenan dibank anu eusina ........crek..crek...crek...., antukna Park Ji Man janten korban narkoba, sabaraha kali ditangkep, sabaraha kali kenging pangampunan.
Dina taun 90an aya sababaraha politikus anu teu tegaeun, ninggal kaayaan hirup pala putra Park Chung Hee, akhirna Lee Hae Chang ketua partey Hanara dang, narik Park Keun Hee janten anggota partey dugi ka ayeuna.
Kim Jong Pil ketua partey Cha Min Ryon narik Park Chi Man janten anggota, namung bangkar, kumargi tos kacanduan ku narkoba.
Presiden-presiden Korea salajengna
Ti sabarang presiden Park Chung Hee maot, perdana menteri Choi Kyu Hah, janten akting presiden kenging sababaraha sasih, lanjeng diayakeun pemilu.
1. Chon Doo Hwan (tilas anak buah Park Chung Hee) janten presiden, panto demokrasi
sakedik-sakedik dibuka, "jam malam" dicabut, undang-undang ; presiden mung tiasa
sakali nyalonkeun janten Capres.
2. Roh Tae Woo (masih tilas anak buah Park Chung Hee), panto demokrasi tambih lebar
mukana.
3. Kim Yong Sam (lawan politik Park Chung Hee), demokrasi parantos teu dipantoan.
4. Kim Tae Jung (musuh kabuyutan politik Park Chung Hee), Korea parantos leres-leres
demokrasi.
5. No Mu Hyon (ti parteyna Kim Tae Jung), presiden Korea anu ayeuna.
Lima presiden Korea anu nembe kasebat diluhur, teu aya anu bebas ku tuduhan sareng dakwaan korupsi.
Korea kiwari
Sanaos Korea kantos digoncang ku krisis moneter, namung kumargi tatapakan/pondasi ekonomina titinggal presiden Park Chung Hee parantos weweg, henteu ripuh-ripuh teuing sapertos diurang.
Buktosna awal taun dua rebu parantos ngabantos ka Indonesia, anu masih keneh ripuh.
Konci pangwangunan di Korea
Sanggem pangemut sim kuring, aya sababaraha hal anu tiasa dipulungan tina sajarah pangwangunan Korea.
1. Pamingpin anu bersih
2. Hukum anu jalan (teu pandang bulu)
3. Gotong-royong, berdikari, koperasi sareng sajabina anu konsekwen.
4. Ambisi hoyong leuwih unggul ti Korea kaler sareng ambisi hoyong ngudag Jepang.
Sakitu anu kapihatur, kirang kangkungna nyanggakeun kapara wargi, sakali deui hapunten anu kasuhun, rumah sanes akhlina.
Pihaturna,
SSW
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

