|
Asana ieu mah, teu aya nagara anu
mopohokeun kana pendidikan, nu aya mah nganggarkeun keur pendidikannya kacida
pisan kurangna, malah ceuk beja mah, ieu nagreg teh saeutik pisan keur
pendidikan, eleh ku vietnam.
Nagreg urang mah resep pisan kanu instan
teh, saperti dina pendidikan ngayakeun sakola unggulan, sistem rangking, kelas
unggulan, tujuanna cenah neangan bibit unggul, negatifna malah ngadorong kana
orientasi nu kaleuleuwihi jeung henteu fair, malah bisa nimbulkeun permusuhan.
Di enyana oge rek aya persaingan ulah nepi ka eksklusivisme nu ngakibatkeun
mencarna dina kahirupan sosial.
Pendidikan oge raket jeung kabudayaan,
baheula depdikbud ayeuna jadi depdiknas, tungtuna budaya teh ngan keur
pariwisata lain keur ngahuripkeun kacinta ka ieu nagreg, leuwih loba keur
kapentingan bisnis. Jadi lamun cenah basa sunda rek dileungitkeun di sakola
teh meureun pedah teu karasa langsung manfaatna keur dina
pananglutikan, da salila ieu can loba buku dina sagala widang anu ditulis ku
basa sunda. Padahal mah budaya sunda lamun hurip jeung hirup ngarupakeun salah
sahiji sumber budaya nasional, beuki nyaah ka lemah cai, beuki mikiran kumaha
carana sangkan ieu nagreg beuki maju. Wallahu alam.
Wassalam,
BS
oritate permai
|
- [UrangSunda] tina novel Rakkaustarina mj
- Re: [UrangSunda] tina novel Rakkaustarina mh
- [UrangSunda] Re: tina novel Rakkaustar... Chisitsu no Budhi Setiawan
- Re: [UrangSunda] Re: tina novel Ra... sonirosa
- [UrangSunda] Re: - pendidikan Budhi Setiawan
- [UrangSunda] Re: - pendid... ely djulia
- Re: [UrangSunda] Re: ... kumincir
- [UrangSunda] Nyun... ely djulia
- [UrangSunda] Nyun... ely djulia
- Re: [UrangSunda] Re: ... Budhi Setiawan

