MAR kampanye di Kampus UI (kampung kuring) Depok.
kuring ngiluan "lalajo", sabab sing saha anu rek ka
tempat kampanye dipariksa  tanda asup jeung ditalek
urang mana. Leuh, mahasiswa lamun geus nyieun
"kariaan" mani siga intel jaman orde baru.
Ruangan kapasitas 7000 jalma pinuh ku para "bobotoh",
anu panasaran hayang ningali para capres "garelut"
pamikiran. Tapi nu datang ngan MAR. Ceuk panitia mah,
Ceu Mega, ti awal keneh  geus sasadu moal rek datang.
Wiranto aya acara sejen, SBY ngajukeun sarat, rek
datang lamun para capres sejenna oge pada datang. Ari
Hamzah Haz, cenah ngalaksanakeun tugas salaku wapres
ka daerah. Tapi ceuk panitia sejenna, para capres anu
teu daratang, embung dititah nanda tangan kontrak
pulitik anu geus dikonsep ku mahasiswa. Diantarana 
anti militerisme jeung sanggup ngahukum Soeharto jeung
para kronina anu saadil-adilna.
  
Eusi kampanyena mah baca we di koran jeung tingali di
tipi, pasti moal pati mengpar tina naon anu
dicaritakeun ku MAR. (teu wasa kuring nyaritakeun eusi
kampanye, sabab teu boga mandat ti tim Suksesna MAR).

Tapi sigana mah para suporter anu aya harita satuju
naon anu dijelaskeun ku MAR. Tapi dasar mahasiswa,
tetep wae gateul lamun teu ngritik MAR. Aya anu
manghanjalkeun MAR telat datang kana riungan, jeung
aya nu menta pertanggungjawaban MAR salaku Ketua Umum
PAN kana kalakuan anggota legislatif PAN di Sumatera
Barat anu Korupsi. Ceuk MAR teh sakabeh anggota PAN
anu aya di legislatif Sumatera Barat geus dipecat,
cat,cat.

mrachmatrawyani 
 
--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Dina detik.com kabejakeun yen capres MAR ngahadiran
> acara debat/dialog di
> kampus UI Depok. DIrencanakeun aya 3 urang nu rek
> hadir, hanjakal HH jeung
> Wiranto teu embol2. Acara debat teh robah jadi tanya
> jawab jeung forum nu
> dipandu ku Pa Kumis Andi Malarangeng.
> MAR ka Depokna naek KRL (kareta listrik) ti
> Manggarai, dibarengan ku tim
> suksesna + pulisi. Nalika dina KRL, sababaraha urang
> anggota rombongan
> kacopetan, kaasup kapolsek jeung Din Samsudin nu
> kacopetan ponsel. Memang
> copet tidak pandang bulu...
> 
> isk
> 



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/ 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke