Haturan Bah Willy, Cimalati teh kaulinan abdi keur budak. Kapungkur pun bapa dines di kacamatan cicurug rada lami, aya kana lima belas taunna. Didinya teh aya tempat ngojay nu caina ngagolontor kuanjeun saageung cangkeng munding reuneuh babareuhan ceuk nu rahul mah. Teu jiga balong ngojay di kota nu bau kaporit, di dinya mah estuning seger tiis matak nyorodcod. Duka ayeuna mah, masih saseger kapungkur atanapi henteu.
Cimalati teh mayun pisan ka gunung salak, yaktos pamandanganana endah kabina-bina. Sabudeureunana seueur nu tatanen, nyawah sareng melak lauk. Hanjakal kabehdieunakeun heurin ku pabriks, utamina pabriks cai herang. Aya aqua, aya moya barid, aya ades, aya duka teuing nanahaon deui merekna teh. Hanjakalna teh muhun sering macet di cicurugna. Keun upami cios mah ku abdi diajak munter-munter jalan alternatip bari mapay-mapay kebon enteh pasti matak betah di jalan sok sanaos janten rada tebih. Keun nu sanes sina kabitaeun ngarah tiasa ngiring hadir dina waktosna. baktos hendri incu Abah anu bangor -----Original Message----- From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Thursday, June 10, 2004 1:57 PM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [UrangSunda] Re: Silaturahmi KUSNET di Cimalati Sukabumi Asyiik euy, mani atoh yeuh rek ka Cimalati, rumasa teu acan kantos kadinya, sanajan pamajikan urang Cibadak oge. Ngan nu dipikahoream teh macetna, tong boro libur panjang, dalah poe saptu/minggu biasa wae oge macet. Tapi teu nanaon da pasti resep papendak sareng baraya sadayana. Hanjakal lami keneh ........ -BahWilly- ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

