Kanggo wargi sadaya .............. 
Punteunnya, ku abdi di ralat, PARKIR Beus Ageung  Rp. 100.000,-   Beus Alit Rp. 50.000,-maksadna karcis leubeut ka cimalati, upami ngetangna per satu Beus Ageung Rp.100 ribu, Beus Alit R. 50 ribu termasuk parkir, janteun heunteu ngetang perorangan, hatur nuhun, mangga lajeungkeun.
 
Pihatur ti seoul,
 
sarangheyo 
 

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kanggo anu teu acan terang Taman Rekreasi Cimalati .............
Lokasina di jalan Raya Bogor -- Sukabumi, 28 km ti Bogor, 30 km ti Sukabumi, upami ti Bogor ayana palih katuhu, saparantos ngalangkungan tempat Rekreasi Lido palih kenca teras Taman Angsa palih katuhu nembe panto gapura Taman Rekreasi Cimalati, upami ti Sukabumi ayana palih kenca.
Teras fasilitas anu aya dieta Taman Rekreasi ;
1. Kolam renang (3 kolam sareng kolam renang kanggo murangkalih)
2. Kolam ikan hias
3. Panggung Dangdut (sok dianggo acara dangdutan unggal dinten Minggu)
4. Bungalow : 1 kamar  = Rp. 80.000/sawengi
                     2 kamar  = Rp. 150.000/sawengi
                     3 kamar  = Rp. 225.000 ~ Rp. 275.000/sawengi
                     4 kamar  = Rp. 300.000/sawengi
5. Restoran katuangan khas Sunda.
 
Karcis lebet : Dewasa       = Rp. 4.000
                    Murangkalih = Rp. 3.000
Parkir : Beus Ageung  = Rp. 100.000
           Beus Alit         = Rp.   50.000
           Mobil              = Rp. 3.000
           Motor              = Rp. 1.000  
Tah sakitu informasi anu tiasa kasanggakeun kuabdi dina danget ieu.
 
Pihatur
SSW

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya sadayana, ku gagasan Kang Siddik van Korea, Insya Alloh dina sasih Nopember urang ayakeun Silaturahmi KUSNET sabada boboran Siam sakantenan halal bil halal, diancer ancer tempatna di Cimalati Sukabumi.
Ngahaja diuar uar ti ayeuna, maksadna mah dipiharep supados beuki seueur anu sumping.
Dina eta acara silaturahmi sakantenan diayakeun "fund rising" ku jalan lelang cindera mata ti Korea, kahoyong mah ulah mung ti Korea wungkul, langkung sae upami aya deui anu sanes boh to nagri sanes boh nu enya enya hasil karya kria Sunda, hasil kria Sunda mah teu kedah nu sesah sesah upamina kaneron, tingkem, besek, boboko, dina wanda hias.......!
Bilih aya ide sanes mangga diantos.
Mugi mugi we nu tiasa sumping sing seueuran, rupina upami tempatna di Sukabumi mah kaetang tengah tengah teu tebih boh ti Jakarta atanapi ti Bandung.
Panitiana teh upami teu lepat mah Kang Hendri...!
Nuhun
 
MSasmita
 
 
 
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke