Dinten kamari 14 Juli 2004, parantos ditawis hiji serat penting MOU/Mutual of
Understanding (Serat Sapagodos pangintennya dina basa Sunda mah ????) antawis pihak
pamarentah Indonesia ku Meteri Tenaga Kerja dan Transmigrasi sareng pamarentah Korea
ku Menteri Perburuhan.
Anu peryogi kauninga eusi dina eta Serat Sapagodos, yen pamarentah Korea masihan
alas/jatah kanggo tanaga kerja Indonesia paling sakedik 15.000 rebu jalmi sataun.
Anu salajengna prak-prakanana teu acan kasaur naha bade di heuyeuk ku pamarentah dina
perkawis ieu Depnakertrans, atanapi PJTKI anu ngokolakeunana.
Salajengna.................,
1. Naha eta alas/jatah 15 rewu urang sataun teh tiasa, moal ngaronjatkeun
kasajahteraan, kanggo rahayat urang umumna ???. Keun soal darajat....
2. Naha eta alas/jatah anu 15 rewu urang teh tiasa dugi atanapi kahontal ku rahayat
alit ???, anu tangtos biayana oge moal cekap ku sapeser dua peser.
Sok ras emut kana hiji sya'ir, mung saha anu nganggitna, dimana mendakanana..., lapur
teu ka emut..., namung eusina masih ngagebray dina emutan, kieu ;
Mun baheula ratu ngutus Mundinglaya
pikeun ngudag layang domas
nu aya dilangit pitu
sarta kejembaran nagara nu kaala
lamun beunang eta layang
tapi kiwari ratu ngutus para abdi
pikeun ngudag eta layang...
tapi lamun layang beunang
naon tandonna keur urang ??
naha kajembaran atawa pacogregan
nu bakal kasorang...
teuing atuh kumaha ceuk isuk
anggur hayu urang susul
sugan jeung sugan
layang tundan kajembaran
Tah kitu eusina eta sya'ir, cik cik cik......
Pihatur
SSW
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/