Innalillahi wa inailahi rojiun..
mugia aki holil kalebet mujahid,
margi maotna nuju bajoang milari nafkah kanggo kulawargana.. amieennn..

Panzi
  ----- Original Message ----- 
  From: kang_boim 
  To: [EMAIL PROTECTED] 
  Sent: Thursday, July 15, 2004 10:57 AM
  Subject: [UrangSunda] Aki Holil, Angkot mogok jeung Bom di Bandung...


  Assalamu'alaikum Wr, Wb.

  Baraya sadaya...dina PR poe ieu (kemis.15 Juli 2004) rame beja 
  ngenaan bom jeung angkot mogok di kita Bandung. Di satengahing beja 
  eta, aya beja anu mantak ngangres kana hate ngenaan beja maotna 
  saurang tukang beca alatan ku teu kuat nahan kacape. Aki Holil eta 
  ngaran tukang beja teh anu umurna geus nincak 74 taun, ku alatan teu 
  kuat nahan kacape aki Holil maot di satengahing perjalanan saacan 
  nepi ka tujuan (Jl> Baladewa). 
  Tadina mah aki Holil teh geus bungah rehna bakal menang untung tina 
  hasil narik becana, alatan angkot mogok tea. Tapi nu kajdian lain 
  untung nu beunang kalahka sabalikna geuning poe eta teh mangrupakeun 
  poe panungtungan aki Holil pikeun narik becana, tada teuing sedih 
  kinkin kulawargana narima kanyataan nusakitu pikasediheunana. Aki 
  Holil anu mangrupakeun panyangga hirup kulawargana ayeuna geus taya 
  dikieuna maot alatan kacapean sawaktu keur bajuang pikeun kulawargana.
  Beurat geuning perjuangan hirup teh....emh....Innalillahi wa 
  inailaihi roji'un....
  Deudeuh...aki Holil..., mugia Allah Swt nampi kana sagala amal 
  ibadahna kalayan nempatkeun anjeun di tempat anu caang tur lega di 
  alam kuburna. Amin.

  Cag...ah, sakitu teu kuat neruskeunana sok sanajan kahayang mah 
  cumarita nu rada panjang. Hatur nuhun.

  BM'69 

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke