Basa poe Rebo nu kaliwat ulin ka toko buku Ultimus di Jl Karapitan,
manggih buku Hermeneutika Sunda/Jacob Sumardjo/Kelir/2004, dina panganteurna
aya nu narik nyaeta pernyataan yen dina nelaah Kasundaan buhun (dina wawacan
Guru Gantangan) ulah make pola pikir modern, lantaran aya nu beda nawaetuna,
nyaeta elmu modern kiwari mah leuwih nyoko kana ontroposentris sedengkeun
Sunda buhun mah biosentris atawa ekosentris.
  Dina antroposentris mah manusa dianggap sabage puseur alam semesta, nepi
ka sagala rupa oge ditujukeun keur kasenangan/kasejahteraan manusa sok
sanajan lingkungan rusak, keun bae rusak oge sabab eta mah dampak tina
ngudak kasenangan manusa.
  Sabalikna ari biosentris mah nu diudag teh harmonisasi antara alam semesta
jeung manusa sabab manusa bagian tina alam, lamun kaganggu, kaharmonisan oge
bakal kaganggu.

  Ieu buku ceuk sim kuring mah kalintang saena pikeun janten bacaan pilihan
nu resep kana kasundaan, anu nuju ngotektak peperenian buhun, sok sanajan
Jacob Sumardjo dina ngajelaskeunana teu benten sareng eusi buku Simbol
Simbol artefak budaya Sunda tafsir pantun Sunda/Kelir/2003.
  Nu dijelaskeun teu tebih ti kosmologi Sunda, budaya ladang, mandala sareng
tritangtu, bentena ari dina buku Hermeneutika Sunda mah nu janten sumber
telaah nyaeta carios Babad Pakuan/Guru Gantangan, sedengkeun dina buku
Simbol Simbol Artefak mah tina carios pantun Mundinglaya Dikusumah sareng
sababaraha carios pantun sanesna.

  MSasmita



[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke