Stephen Hawking ngaralat Teorina
Dina ahir-ahir ieu Stephen Hawking, ngalereskeun deui teori “Big Bang” anu tos ampir 30 tahun janten cekelan para ilmuwan ngeunaan Jagad Raya. Ralat anu dimaksad kua Stephen Hawking teh nyaeta cenah ngeunaan Singularitas tea. Tos masyhur ngeunaan teori Big bang yen singularitas teh kajantenan tina bentang anu geus paeh kulantaran beakeun Hidrogen jeung Helium. Hidrogen jeung Helium ieu anu ngajantenkeun reaksi fusi sareng Fisi anu ngahirupan bentang.
Bentang anu geus paeh anu kasedot ku gaya gravitasina nyalira bakal siga lobang anu muter. Beuki gede lobang hitam anu aya di jomantara beuki sesah dideteksi. Malih mah cenah babari keneh ngadeteksi lobang hideung anu leutik sabab kaciri dina rengkah paripolahna.
Naon cenah anu di ralat ku Stephen Hawking teh? Kapungkur Stephen Hawking ngabalakakeun yen hiji barang anu asup kana lobang hideung ieu bakal leungit ngereles. Ulah-ulah barang anu aya fisikna jiga bumi jeung planet lain, dalah cahaya oge anu teu bisa karagap bakal kaceot leungit di lebah lobang hideung.
Tah ieu anu diralat teh ku Staephen Hwaking, yen cenah manehna nyieun etangan anu lepat. Geuning barang teh sifatna abadi alias kekal. Tah ku Stephen Hawking dirobah yen barang anu asup kana lobang hideung bakal tetap jadi barang ngan beda bentuk panginten.
Asa jadi rieut mikiran alam dunya ieu komo geus teori Jagad Raya, ngan anehna teori teh dikawasaan kusorangan nyaeta Stephen Hawking. Naha urang percaya wae teu?
Hiji anu masih keneh jadi kayakinan dina hate urang nyaeta kayakinan kana agama, naha urang bisa ngobet rahasia Gusti Nu Maha Suci kanggo kamaslahatan manusa?
Jalak Harupat
Sumedang Tandang Nyandang Kahayang
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.