Ngiring mairan ah........sakedik, diselipkeun dihandap --- In [EMAIL PROTECTED], "Ato" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Aduh naon anu dipikasieun ku simkuring teh kajadian, nyaeta orang kafir sadareun yen salahsawios kakiatan pangageungna agama Islam INDONESIA nyaeta aya di etnis Sunda, ditingal tina sisi kuantitas/kualitas Islam sacara umum. Alesan abdi: > 1.. Urang Sunda tos identik sareng Islam, sapertos urang Arab. Asa aneh di masyarakat sosial Sunda mun aya urang Sunda nu kafir. Jeung muga2 Alloh SWT ngajantenkeun kabeh urang Sunda sebage Muslim Sajati. Teu aya Sunda lamun teu Islam!
WALUYA : Urang SUnda, sapertos oge urang Arab, teu sadayana ngagem agama Islam. Urang ARab seueur anu ngagem agama Nasrani, di Lebanon mah malah ngalangkungan umat Muslim. Urang Sunda nu teu ngagem agama Islam salahsawiosna urang Baduy, Urang Cigugur Kuningan jrrd. Sanajan aya anggapan urang Sunda mah "kudu" Islam, keur kuring mah, urang Cigugur atawa urang Baduy tetep we Urang SUnda, nya ........rek disebut urang mana atuh? > 6.. Salami langkung ti 350 thn walanda aya di tatar Sunda, tapi mung hiji-dua-an wae urang Sunda nu kafir tina Puluhan Juta urang Sunda. Malah DI/TII teh pan muncul na teh di tatar Sunda. WALUYA : Walanda mayoritas agamana Protestan, motif Bangsa Walanda ka urang, gegedena motif ekonomi, henteu urusan jeung agama. Beda jeung Spanyol/Portugis anu agamana Katholik, manehna boga Semboyan "3G" (Gold, Glory, Gospel). Umumna nagara anu dijajah ku Protugis/SPanyol kabeh jaradi ngagem Katholik malah nepi ka aran jelemana oge jiga orang Protugis/SPanyol. Katholik di nagari Walanda minoritas jeung baheula mah rada diteken ku mayoritas Protestan(emut nagari Walanda teh kantos dijajah ku SPanyol anu Katholik). Saperti umumnya urang Katholik, urang Katholik Walanda oge gede pisan kahayangna nyebarkeun agama di nagari jajahan da puguh di nagara manehna mah teu pati laku. Nu matak teu aneh di urang loba Rumah Sakit Katholik jeung sakola Katholik pasesaan misi Katholik jaman baheula. Urang Sunda loba oge anu sakola Katholik di jaman Penjajahan Walanda, sabab syaratna leuwih gampang tinimbang sakola boga pamarentah Hindia Walanda (Ua Kuring baheula sakolana di HIS Katholik di jl Supratman Bdg, ayeuna mah Santa Maria). Keur Indonesia, sakola-sakola Katholik ieu gede jasana dina ngalahirkeun intelektual-intelektual bangsa Indonesia nu akhirna jaradi pejuang dina ngamerdekakeun Indonesia, Salah sahijina Sutan Syharir. Sakadar kanggo Informasi, kunaon di SPanyol teu aya urang Muslim saurang-urang acan, padahal spanyol teh tilas kekhalifahan Islam? Ceuk cenah, waktu urang Nasrani naklukeun kekhalifahan Islam, urang Islam di SPanyol diancam, lamun teu asup Nasrani bakal dipaehan. Atuh sadayana oge sieun ari kudu dipaehan mah, nya lalebet Nasrani. Tapi aya oge anu alim nya lalumpatan ka Marokko /Tunisia. Parantos ....ah, ngacir deui ......... =WALUYA= ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/