Wawan Setyawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
SISI BASISIR
Tojona panon poe sumedeng panas
Nyirorot nojo dina ponclot tangkal kalapa
Nu gugupay kawas neuleuman hate kawula
Sisi basisir�. Ngalipek dina keusik
Sabari nyawang alam katukang
Ngawawaas nu tos lawas
Geledur-na ombak laut kidul
Nu ngadu balap pating jelegur
Nyengserikeun hate nu keur tagiwur
Leuleus� hate teh taya tangan pangawasa
Ari ras kaanjeuna
Nu jauh paanggang rasa jeung raga�
===
Sisi basisir Cibangban nu janten saksi�
Kakawasaan Anjeun nu rohaka �Gusti�
Mo aya nu kawasa batan Anjeun�
Mo aya nu mampu nandangan Kajayaan Anjeun�
Mo Aya nu bisa ngabulak balik ombak laut kidul iwal Anjeun�
Nun Gusti� Pangeran abdi�
Hampura ieu hate nu teh tos ceda� tampadaksa
Nu teu pati tumarima kana taqdir Anjeun
Papasten kanggo kawula�
Alatan kagembang ku nu geulis jangkung lenjang
Dug dugika teu rumasa mun Anjeun tos maparin sagalana�
Malahan tobat oge geus jadi sambel nu ngan seuhah saharita�
Hampura Gusti� hampura kuring nu kirang tumarima�.
==
Sisi Basisir Cibangban�
Ombak laut kidul narembongan...
Ngaburak barik jajati ning diri�
Mawa carita kalaut nu ngamplak tutugan katumbiri�
Sisi Basisir�.
Cibangban� Laut kidul�
Citresna ngalembereh� mewek� bari rebeh�
Cumarita� ras inget kana dosa ka Manten-na�
Gusti anu kawasa kana raga tur rasa sarerea�
Cibangban, Laut Kidul, Palabuan Ratu
31 July 2004
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Sumedang Tandang Nyandang Kahayang
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

