Upami ti pertiluan nu ka pangkalan udara, rorompokna nu kadua nu ka arah Sadang, jenenganana Bapa Kusman, anjeuna ngawulang di SMEA Subang (duka ayeuna mah panginten tos pangsiun), upami aki namina Mas'ud, alm (aki Adeng) rorompokna pas payuneun pasar.
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, August 04, 2004 8:24 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Assalamualaikum, (kang Gunawan)

wah kulawarga kang Gun teh urang kalijati geuning. abdimah di palih kalereun kalijati kaasup daerah desa kaliangsana. Dupi paman kang gun teh saha,asana teh guru abdi oge aya nu bumi na di caket pertiluan nu bade ka pangkalan udara, tapi istri, ngawulangna di sma2 tapi carogena oge sami guru, duka dimana ngawulangna.
 
nana
-----Original Message-----
From: Gunawan Yusuf [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, August 03, 2004 3:59 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Assalamualaikum,

Kalijati-na palih mana Kang ?, Aki (alm) abdi oge ti Kalijati payuneun pasar, pun paman oge kantos janten lurah kalijati, punpaman nu sanes aya deui rorompokna caket pertiluan nu bade ka Pangkalan Udara anjeuna guru di Subang ?
----- Original Message -----
Sent: Monday, August 02, 2004 3:48 PM
Subject: [Urang Sunda] Assalamualaikum,

Assalamualaikum,
Parunten kasadayana, simkuring ngiring ngulampreng ka ieu lembur. Terang ka ieu lembur teh diwartosan ku kang jenal nu ngageugeuh pnm. Mudah-mudahan tiasa nambihan babarayaan. Dupi kawit mah ti kalijati-subang, mung ayeuna nuju buburuh di borneo.
 
baktos,
nana


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke