Ti Bandung ka Lembang ngaliwatan Punclut, titingalian teuing ku arendah. Aya sababaraha jalan anu bisa diliwatan ku kandaraan ti mimiti motor nepi ka mobil, sebut bae jalur wetan, tengah jeung kulon. Ieu mah di sagigireun jalan utama Bandung-Lembang ngaliwatan Ledeng, anu heunteu nincak Punclut sacara langsung. Sakabeh jalan anu tilu jalur teh heunteu aya anu suwung tina tanjakan. Lain nanjak biasa ieu mah, netek nakeranan. Sakabeh jalur mimiti asup ti Bengkok-Dago, lebah pertelon anu ka Cigadung (kalereun terminal Dago)
 
Jalur kahiji, jalan arula-arileu kalawan pengkolan anu rada bahaya pasambung jeung tanjakan netek kacida. Kitu deui jalur tengah jeung kulon. Tina tilu jalur tadi, anu kawilang heunteu pati netek jeung pungkal-pengkol teh nya anu tengah. Anapon anu pang bahayana kusabab netek kacida nya jalur kulon.
 
Ngaliwatan jalur mana bae, satutasna  sababaraha tanjakan anu pohara, urang baris nyorang patempatan anu lamun ngarandeg dimana bae samemeh Gunung Batu- Lembang, baris mendakan tintingalian anu kalintang endahna ka jihat mana bae.  Ret ka tebeh wetan, tatangkalan ti THR Juanda patingrunggunuk, nandakeun urang Tatar Sunda, khsusna Bandung, masih aya keneh kanyaah ka alam, anu hartina nyaah kana sumber kahirupan sarerea.  Paratkeun paningal ka tuntung wetang, baris katingal G Bukittunggul, G. Palasari, jeung G. Manglayang.  
 
Ret deui ka tebeh tengah - kidul, pating parentul gedong-gedong di landeuh Bandung, paselang jeung runggunukna tatangakalan anu geus rada corencang. Lapat-lapat ka tungtung kidul, upama langit lenglang, patingjungkiring gunung-gunung kayaning G. Malabar, G. Wayang, G. Patuha jeung sejenna siga anu keur ngaping Bandung anu geus bayeungyang. Jajaran pagunungan teh parat ka tebeh kulon. Saliwatan samar-samar, katingal beungeut cai bendungan Saguling.
 
Nyawang Bandung ti tebeh kelerna dina mumunggang pasir-pasir anu kaasup wewengkon Punclut, patingkalangkang gambaran mangsa ka tukang sakumaha anu dicaritakeun ku buku-buku jeung para ahli. Enya, merenah pisan lamun baheula, mangsa keur can aya jelema tepi ka daratngna sababaraha urang anu kasebut manusa, aya talaga gede nyicingan landeuh anu ayeuna mashur kasebut Bandung.
 
Kabayangna teh, boh talagana atawa wewengkon sabudereunna kacida endahna, siga dina pangimpian di nagri firdausi tea. Pasir-pasir anu hejo ku tatangkalan, cai talaga anu herang, atuh parentulna gunung-gunung sabudeureunna siga anu satia nungguan talaga. Tepi ka jaman Walanda, kaendahan sesa talaga Bandung Buhun teh masih aya. Urang terang tina buku kuncen bandung, pangersa Kang Hari Kunto, geuning aya anu disebut Muras Geger Hanjuang jeung muras-muras sejenna. Muras teh patempatan di dataran Bandung mangsa urang dijajah Walanda anu masih ngebrehkeun sesa-sesa talaga. Enya, sigana baheulana eta muras teh bagean talaga anu kawilang pangjerona.
 
Sesa kaendahan alam Bandung masih aya tepi ka ayeuna. Nya diantarana wewengkon Punclut anu masih hejo sok sanajan gegedena mah ukur pasir jukut. Keun bae, untung keneh sakitu oge, urang masih mibanda sesa alam baheula. Kaendahan Bandung Utara geus kakoncara tepi ka ku Bimbo mah dihaleuangkeun dina kawih anjeunna, diantara syair na teh: "Senja yang indah, di Bandung Utara...dst". Enya, sakumaha ceuk Bimbo keneh (duka upama nyutat ti M. A Brouwer mah) yen cenah Tatar Priangan, kaasup Bandung, diciptakeunna oge waktu Pangeran ngagelenyu imut. Hiji gambaran anu nandakeun kaendahan alam anu teu kinten saena.
 
Hanjakal, dina danget ieu, wanci kiwari, mangsa ayeuna, ieu wewengkon teh kagiridig ku rencana pangagung urang anu seja mekarkeun eta wewengkon ku rupa-rupa wangunan atas nama pangwangunan. Singketna, rencana pangwangunan anu baris ngarobah hejona alam ku garingna gedong-gedong jeung jalan-jalan. Oge tangtu runtah jeung sagala rupa sesa kasibukan jelema loba anu heunteu kapiara sakumaha mistina. Naha nya ari para pangagung heunteu aya emutan pikeun mekarkeun kawasan hejo ku cara-cara anu darehdeh ka lingkungan? upamana bae, jejer Taman Nasional tiasa jadi hiji pilihan pikeun mekarkeun wewengkon Punclut jeung sabudereunna.
 
Memang, upama urang ngarujuk kana ugeran Taman Nasional sakumaha ceuk UNESCO-PBB mah sigana rada hese ngawujudkeunna kusabab geus heunteu alami deui kaayaan di Punclut. Tapi, sakurang-kurangna jejer anu rada ngaharib-harib kana ngokolakeun wewengkon sarupa Taman Nasional bisa jadi hiji pilihan. Apan eta sabenerna mah geus aya contona, Taman Hutan Raya Juanda tea, tonggoheun Dago. Naha samarukna heunteu bisa dimekarkeun eta THR teh tepi ka Punclut? Bisa pisan, kulan, kalawan ngaronjatkeun tutuwuhan jeung kaayaan alam sejenna, dipulangkeun tepi ka rada nyaketan asalna anu alami. Jejer dulurna anu pakait jeung jejer di luhur nyaeta kagiatan WISATA L:INGKUNGAN. Udagan utamana dina Wisata Lingkungan taya lian ti mekarkeun hiji wewengkon kalayan heunteu ngaruksaka alam, malah sabalikna, kagiatan teh sajalan jeung mulasara lingkungan (konservasi).
 
Dina mekarkeun jejer taman Nasional atawa wewengkon wisata lingkungan di daerah Punclut sakuduna Pamarentah ngailubiungkeun masyarakat anu nyicingan eta wewengkon. Hartina, dina ngayakeunatraksi-atraksi wisata lingkungan jeung sarana pangrojong sejenna teh kudu nempatkeun masyarakat di dinya salaku pihak pangheulana anu ditawaran gawe bareng.
 
Program jeung kagiatan bisa dirancang, lamun enya aya kahayang mah nu jadi pangagung, pikeun wisata lingkungan di wewengkon Punclut. Upamana bae, Kampun-kampung adat Sunda tiasa didamel miniaturna di dinya. Pon kitu deui, atraksi-atraksi kasenian tradisi tiasa dipanggungkeun, kalawan tetep, dina sarana panggungna teh ulah loba ngarobah alam.
 
Usaha wisata lingkungan di luar nagri kacida majuna jeung nguntungkeunna. Upamana bae, anu kungsi si kuring laha-loho, di Tasmani. Modal utama dina ngajalankeun usaha wisata lingkungan taya lian ti: kakuatan dina mulasara jeung ngajaga alam salaku "core bisnis"-na, kuat nyekel tradisi, jeung tangtu bae "bungkusan" (kemasan, packaging)-na anu ngalimpudan aspek "marketing"-na. Naha nya, apan di satiap instansi pamarentah teh tangtu aya program turni ka LN pikeun "studi banding", naha teu aya anu kailhaman pikeun mekarkeun wewengkon Punclut kana usaha-usaha pangwangunan anu heunteu ngaruksak alam? Naon bae anu ditingalian ku aranjeunna ari di LN teh nya? atawa -sigana-aya pangbibita anu mokaha ti anu garaduh pancuran artos, sangkan Punclut oge jadi sarupa perhotelan jeung sajabana.
 
Cag ah, bayeungyang.
 
Baktos,
manAR
 
 
 
 
 
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke