Sae kang Man, sim kuring seja ngiringan (sanes ngan ukur pipilueun). Nanging ulah dina acara anu diancokeun kanggo umum sapertos dina rarancang tepang ba'da lebaran, jalaran matak pugag ka ditu ka dieu. Janten, saena mah hususkeun bae supados babari ngejewang nu nyimpang !
 
Salam,
Kang Dien

Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi sadaya,

Alhamdulillah, padungdengan di milist tos ngawitan ngaguar soal
kasulitan patani di urang jeung panghasilan bangsa urang anu kacida
ningna dibanding panghasilan masyarakat sejenna di LN. Padungdengan
ieu upam dilajuninglakukeun teras Insya Alloh baris ngahasilkeun
hiji jejer mangrupa konsep pikeun ngaropea pamarentahan jeung
pangwangunan di urang. Upama hese pikeun Nasional, atuh pikeun
lingkungan urang heula anan, Tatar Sunda.

Pikeun hal eta, sim kuring tos nyobian ngamimitian anu ditulis dina
jejer "Program Pangwangunan Indonesia ti mimiti 100 hari ngawitan
digawe Presiden anyar, jangka pendek-jangka menengah tug dugi ka
jangka panjang".  Sumber tulisan anu utama taya lian ti Kang Idrus,
alumni Fak. Pertanian UNPAD angkatan kahiji, oge salah
saurang "penemu" (invetor) widang sarana jeung manajemen pertanian.

Di lebetna, hal anu ngawitan diguar teu aya sanes iwal ti program-
program pikeun ngaronjatkeun kahirupan aageungna masyarakat urang,
nyaeta patani jeung nelayan. Ti ngawitan subsidi gemuk (pupu) anu
kudu sagemblengna, perpajakan, sistem kapagawenegrian (kalebet
ngaropea standar gajih jeung kumaha carana), pergulaan, nelayan
(upamana: kumaha cangkan nelayan dina usum heuteu bisa digawe di
laut kudu tetep boga panghasilan? geus lir ari pagawean utamana
mah), tata niaga sayur, tata niaga cengkeh, gaplek, tiwu, jsb. anu
nguntugkeun masyarakat jeung pamarentah. Oge widang sanesna sakumaha
umumna kahirupan di hiji nagara.

Ngan hanjakal, jalaran talatah ti Kang Idrus, ieu tulisan teh
heunteu tiasa dimonyah-monyah di media "terbuka" (saheulaanan).
Kukituna, ka sugri milist, upama aya tea mah emutan kana hal eta,
kumaha upama urang kempel dina hiji riungan di alam nyata, kanggo
madungdengkeun hal ieu? Acara saba'da lebaran tea hade upama
dijadikeun hiji pajemuhan antara urang, warga milist, sareng Kang
Idrus, kanggo ngaguar jejer di luhur.

Rupina cekap sakieu bae heula.

Baktosna,
manAR



--- In [EMAIL PROTECTED], "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Euleuh.... mani matak uruy nya stimulus keur kaom tani di nagara
deungeun
> mah, teu kawas di urang! Lian ti pamarentah teu ngadukung ka
patani teh,
> kudu jogol jeung beas impor/sulundupan! Subsidi pikeun tani,
utamana pupuk,
> cenah rek beuki dikurangan. Mun nu dikurangan subsidi teh bengsin
premium
> atuh, kaharti. Unggal usum panen, harga gabah nyirorot wae! Butuh
modal, ka
> bank ge hese beleke. Deudeuh temen bangsa urang...
>
> jk
>
> Siddik Wiradireja writes:
> > Raharjana patani di Korea :
> > 1. Pajeg tanah garapan tebih langkung mirah ti pajeg tanah
pakotaan (30~40 %an)
> > 2. Tarif listrik kanggo patani langkung mirah dibanding tarif
listrik non patani (20~30%an)
> > 3. Gampil milarian kiridit ti bank, kalayan bunga langkung mirah
sareng kiridit biasa
> > 4. Jatah bangku di sadaya Universitas/PT satatar Korea kanggo
anak/turunan patani.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke