Para Wargi sadaya,
Minangka kingkilaban tina program anu disebatkeun dina posting sateuacanna, ieu kasanggakeun ringkesan ageungna, dikawitan ku :
Program 100 hari Pertama -Jangka Pendek Presiden
(atawa naon bae istilahna, gumantung komunikasi politik anu dicandak)
RI Periode 2004 � 2009 (atawa 2009-2014)
1. Panganteur Singket
Program 100 hari pertama (atawa naon bae istilahna) ditanceubkeun utamana pikeun malikkeun deui kapercayaan rakyat ka Pamarentah jero waktu anu singket. Dina waktu anu sarua, program-program ieu ditujukeun pikeun ngaronjatkeun panghasilan masayarakat leutik khususna, masyarakat urang umumna.
Kukituna program-program eta teh eusina taya lian ti program-program anu mibanda ciri-ciri kieu: 1) usaha-usaha anu salila ieu kurang katoel sacara nyata ku Pamarentah, 2) bisa diandelkeun saenggalna nambah panghasilan masyarakat leutik (patani, nelayan, + buruh), 3) upama heunteu diropea kalawan sagemblengna bisa nimbulkeun katagiwuran (keresahan) jero masyarakat rea, 4) ngarupakeun hambalan anu bedas pikeun nyageurkeun ekonomi bangsa, jeung 5) ngeunaan kana soal-soal ("issu-issu") anu geus sabiwir hiji (populer) jero masyarakat.
2. Sasaran Stratejik Program 100 hari Pertama - Jangka Pendek
Sasaran stratejik ieu tangtu kudu diturunkeun jeung mangrupakeun bagian tina "Perencanaan Stratejik"-na. Kapayunna engke dilengkepan ku Renstra-na, Pengukuran indikator hasilna, jst. Keur patokan hal eta, program 100 hari (atawa naon istilahna) kudu ngahontal indung sasaran-sasaran stratejik di handap ieu (punten ku B. Ind):
- Pemulihan Kepercayaan Rakyat kepada Pemerintah dan Negara;
- Penambahan Pendapatan Masyarakat Kecil
- Penghilangan Sumber-sumber KKN;
- Dasar-dasar bagi Pemulihan Ekonomi Bangsa;
- Dasar-dasar bagi Pencapaian Budaya Prestasi
III. Daftar Eusi (punten ku B. Ind)
I. Program Penyusunan Kabinet Prestasi (mataholangna: kabinet keur nyageurkeun
nu gering parna; kukituna teu kudu siga katumbiri kabinet teh jeung teu kudu loba
teuing menteri/departemen)
II. Program menambah Pendapatan Masyarakat Petani, menggairahkan Dunia
Pertanian, dan Mengukuhkan Landasan Pertanian Strategis Indonesia
III. Program tenaga Kerja Indonesia (TKI-TKW) Berprestasi
IV. Program Peningkatan taraf Hidup dan Prestasi Pegawai Negeri Sipil, ABRI, dan
POLISI
V Program Optimalisasi Pendapatan Negara dari Sumber Pajak dalam Negeri.
Sok sanajan jejerna siga sarua jeung program-progam sarupa anu ngacambah akhir-akhir ieu, tapi Insya Alloh, di lebetna sanes ukur wacana. Aya hal-hal anu kapendak tina pangalaman "orang lapangan" anu tiasa dicindekkeun lebet kana sarupi "manajemen pamarentahan anu efektif".
Dugi ka dieu bae heula. Guaran lengkepna engke tea sanes, upama anu "keur nungguan tutunggul jeung mulungan kalakay" geus ngarumpul di "lebak cawene" tea, dibaturan ku "budak angon" jeung "budak anu janggotan". Anu "ngalawan kana panyarek ukur ku seuri".
Cag, urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda di hanjuang siang, paragi nyokot ningalkeun
Baktos,
manAR.
oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
(hapunten ka nu nampi ieu posting ngaduakalian...)
Para wargi sadaya,
Pikeun hal eta, sim kuring tos nyobian ngamimitian, ditulis dina jejer "Program Pangwangunan Indonesia" ti mimiti 100 hari ngawitan digawe Presiden anyar, jangka pendek-jangka menengah tug dugi ka jangka panjang. Sumber tulisan anu utama taya lian ti Kang Idrus, alumni Fak. Pertanian UNPAD angkatan kahiji, oge salah saurang "penemu" (invetor) widang sarana jeung manajemen pertanian. Pangalaman manajemen anjeunna diantarana nalika anjeunna sukses di PTP kebun teh Subang oge nalika damel di world bank.
Rupina cekap sakieu bae heula.
Baktosna,
manAR
---------------------------------
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

