Kang Kumincir ... teu payu euy ka urang Jepang, mekel we ti Indonesia nu mirip-mirip urang Jepang ... :)
Ieu mah ningali tatangga anu di dieu we, sanes pangalaman pribadi ...
 
Istri Jepang katingalina masih keneh siga dina film Oshin, nurut ka nu jadi salaki, ceuk beja sanajan salaki ulin ka tempat "Wanita baik-baik" manehna mah hare-hare bae, atuh dina aya masalah jeung nu jadi salaki tinimbang pepegatan leuwih hade bunuh diri. Salila sataun leuwih di dieu, di sabudeureun apato aya tilu urangna anu bunuh diri teh, ceuk beja ti tatangga na cenah mah aya masalah jeung salakina.
 
Atuh sababaraha poe kaliwat, nonton dina tivi, istrina putra mahkota Jepang nepi ka stress tur ka rumah sakit, sabab nepi ka kiwari can bisa boga budak lalaki.
 
Anu unik di dieu, gaji salakina teh ditransfer langsung ka rekening istrina, jadi dina masalah keuangan keluarga, istri nyepeng peranan kacida. Ceuk guru basa Jepang (kabeneran istri sadaya, aya nu masih keneh single) salaki urang Jepang mah diibaratkeun na teh ucing, mun masakan istrina raos, salakina moal kamamana. Ku sabab kitu acara tivi Jepang bisa disebutkeun satengahna teh acara masak jeung masak.
 
Ceuk babalaganjongan jeung babaturan di lab, mun hoyong ngengingkeun anu original mah, kedah miara ti mimiti tamat smp, da geus sma komo mun geus kuliah, bisa-bisa meunang anu third boa fourth malah ... :))
Tos ah jadi kamana mendi ..
 
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
From: kumincir
Sent: Monday, August 09, 2004 7:43 AM
Subject: [Urang Sunda] Wanoja Jepun===Re: Mangga emutan!

Ah atuh, make jeung ditanggap daria sagala rupa. Nu nyaritana teh jigana
kapangaruhan ku pilem2 (baheula mah model pilem "O Shin" tea meureun) nu
nembongkeun kalungguhan wanoja Jepang, baktina ka salaki, jeung sajabana.
Padahal, coba we mun lalajo pilem CRAYON SINCHAN, henteu2 acan pan... :P
Atuh kanggo langkung jentre mah, urang angkir Kang Budhi ti Gifu kanggo
medar lalakonna nu susuganan KUNGSI gaduh garwa urang Jepun. Heuheu...
punten ah, heureuy!

jk

gilang_tresna writes:

> Cik..cik...na kumaha kitu Kang pami kagungan garwa ka urang Jepang?


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke