"Djatnika" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Tue, August 10, 2004 18:03
Kang Oman, Manawi teu acan uninga, sobat urang Bah Toto nuju dirawat di RS Jantung Harapan Kita kamar 2405 (Gedung II nu di pengker). Dinten Senen minggu pengker anjeunna dioperasi by pass, aya opat saluran anu tos nutup 90 %, digentos tina sampean panjangna aya kl 70 cm. Mung Alhamdulillah anjeunna mah katingalna berag wae. Urang dungakeun ku sadaya mugi enggal damang. Wassalam, dj ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Kang Manawi teu acan uninga, sobat urang
Bah Toto nuju dirawat di RS
Jantung Harapan Kita kamar 2405 (Gedung II nu di pengker). Dinten Senen minggu pengker anjeunna dioperasi by pass, aya opat saluran
anu tos nutup
90 %, digentos tina
sampean panjangna aya kl 70 cm. Mung Alhamdulillah anjeunna
mah katingalna berag wae. Urang dungakeun ku sadaya mugi enggal
damang. Wassalam, dj -----Original Message----- Kang Hasan, Saleresna, konsep awal PIRBUN Trans teh ti Kang Idrus
ku anjeun. Harita anjeunna kapapancenan tugas ku Menteri Transmigrasi, Martono,
ngalangkungan wargina anu sobatna Pa Menteri. Urang ngadongeng rada
panjang, pamugi salira heunteu bosen. Asal-usul PIRBUN Harita, Pa Menteri Trans kapengpeongan jalaran proyek
transna ampir bangkar (kudu difusokeun), mangkaning beayana gede pisan,
injeuman ti bank dunia. Nya saparantos aya kasaluyuan kanggo survey, kalayan
beaya sesa anu samporet pisan, Kang Idrus kukurilingan di wewengkon trans
Kalbar (daerah Sintang jeung sabudeureunna), make motor, meunang sabulan.
Kasimpulan Kang Idrus ukur salambar, jauh kabina-bina jeung kasimpulan hasil
survey tim-tim ti 2 perguruan tinggi (PT) kawentar di Nasional anu
karandel samemehna. Upama kasimpulan ti PT nu hiji eta lahan trans
kudu dipindahkaeun, ti PT anu hiji deui kudu ngirim kapur mangton-ton ti Jawa
keur nyuburkeun lahan, Kang Idrus mah dina kasimpulan salambarna ukur
nyarios kieu: ulah coba-coba ngalawan alam; luyukeun komiditi jeung cara
tatanenna jeung kaayaan alam. Nya saterasna dina eta kasimpulan Kang Idrus
ngasongkeun konsep PIR BUN kalawan komoditi utama anu luyu jeung alam
Kalimantan: Karet jeung Sawit (aya 2 deui komidit, tapi kurang nguntungkeun
lamun diusahakeun). Saleresna, kabehdieunakeun, konsep PIRBUN Kang Idrus
teh heunteu sagemblengna dipraktekkun ku Dep. Trans/Pamarentah. Sabab, dina
konsep PIRBUN Kang Idrus, anjeunna pohara ngawanti-wantina sangkan antara
departemen2/sektor2 di Pamarentahan kudu aya koordinasi anu layeut. Upamana
bae, koordinasi anu diperlukeun teh antara Dep. Trans, Pertanian jeung PU
(harita). Sabab, harita oge, basa Menteri Trans diasongan konsep PIRBUN teh
humandeuar sabab geus teu bogaeun anggaran keur ngalaksanakeunna. Untung harita
Kang Idrus keur caket sareng Menteri Pertanian (obat anjeunna/ZPT Hydrasil)
keur dianggo dina proyek Bimas, ngasupan 60% kaperluan ZPT pasawahan di
Pantura). Tah saur Kang Idrus, coba hubungan bae Menteri Pertanian, sabab di
departemenna aya keneh anggaran sesa (sanajan sesa, tapi milyaran da departemen
tea). Nya akhirna mah lumangsung oge PIRBUN anu mimiti. Hiji Kacindekan: Sakali deui kabuktian, Urang Sunda mindeng boga
konsep anu alus, ngan prak-prakanna, sabab dilakukeun ku anu heunteu nguasai atawa
pangaruh sejen, sok heunteu meneran. Dina program
pangwangunan 2005-2009 anu kungsi dicaritakeun kingkilabanna, ieu PIR BUN
dikahareupkeun deui bari diropea sistemna ku sistem "Mitra
Usaha Desa" jeung Program Transmigrasi berprestasi kalawan komiditina
difokuskeun heula kana tiwu bahan gula tea. Ke bae atuh, lamun kumpul urang
tanggap Kang Idrus, kumaha ringkelanna teknisna eta program. Harta Karun Pajajaran Ngeunaan Kang Idrus, anjeunna salah saurang inventir,
produkna kalintang potensialna kanggo ningkatkeun hasil tatanen. Lulusan Fak.
Pertanian Unpad angkatan kahiji ieu kungsi ditawaran pindah jadi warga negara
Malaysia, sabab produk sarana pertanianna harita kaerong ku Pamarentah Malaysia
tiasa ngaronjatkeun pertanian di ditu. Salah sahiji penemuan ieu putra Subang
kantos ditawar rumusna ku PT. Unilever, ngan teu mikeun. Oge aya hiji pausahaan
Jerman anu kungsi nawar rumus kimia dasar anu penting keur industri sarana
pertanian ciptaan anjeunna, sami, anjeunna heunteu masihkeun. Sigana, dina hal
teu masrahkeunna anjeuna kana rumus-rumus ciptaanna, sanajan dibeuli, sarua
jeung teu ridoeunna urang Tatar Sunda upama Batutulis aya anu
ngarogahala Taun 2000 konsep teknis anjeunna ngeunaan ngolah
runtah jadi gemuk NPK Super (namina Grammor), kapilih ku Bapedalda Jabar jadi
wakil utama Jabar di Pameran Lingkungan Hidup tingkat Dunia di Bali. Hanjakal
deui bae, tepi ka ayeuna, anu uar-ura hayag ngolah runtah teh kajiret keneh bae
ku juragan kaproyekan jeung gurita-guritana, alias heunteu ningal kana cara
ngokolakeun runtah anu tiasa ngahasilkeun produk anu kacida diperlukeunna ku
patani (gemuk alus tapi murah). Lamun ieu konse nyieun grammor diteruskeun
kalawan daria, urang baris anjog kana naon anu disebut "usaha anu ongkos
produkna enol atawa minus" (sabab sistem terpadu tea). Hanjakal pisan,
hiji deui harta karun Pajaran can kapesek, tetep nyumput di nu caang. Iraha urang Ngariung? Ti taun 2001 keneh atawa akhir taun 2000, si kuring
teh geus nanawarkeun sangkan hiji waktu mah cik atuh US teh ngariung,
nyawalakeun pangemutna ngeunaan nagara anu, suka heunteu suka, kudu
nanggeuhkeun harepan kana tatanen (alam) jeung sabagian gede rakyatna (patani
jeung nelayan). Ngariung nanggap anjeunna. Moal arek nyalahkeun sasaha, upama
eta pamaksudan tepi ka ayeuna tacan kalaksanakeun sabab anu puguh mah can
kaparengkeun bae. Kukituna, iraha atuh bae ngariung teh? Aya Kang Idrus
jeung kaparigelanna sakumaha disebut di luhur, aya Bu Ida jeung JRSP-na, Abah
Surya jeung revitalisasi SILAS-na dina jejer kasundaan rawayan jati, aya anu
nyiptakeun PATMO (pembangkit air tanpa motor, urang sunda keneh), aya Kang Erry
anu urang sadaya tos terang, aya Kang Teten Masduki ti IWC, aya Kang MGT
jeung pasar malam budaya tradisina, aya Kang Yus Ruslan anu gaduh konsep iber ti
luhur ngeunaan sasayagian usum halodo, aya Abah ti Kadaka Damas
kalawan konsep Kampung Sundana (revitalisasi Kampung Adat), aya Kang Acil
jeung Bandung Spiritna, aya Kang Mubiar (DPLKTS) jeung konsep nyadiakeun cai nu
langgeng jeung udara anu bersih ku ngokolakeun leuweung jeung iklim
mikro, jrrd anu barogaeun harta karun pajajaran dina widangna sewang-sewangan. Sanajan ceuk kuncen Cipanjalu kamari, ayeuna tina 9
wangsit anu katampi ku anjeunna dina wangun pupuh, urang karek tepi ka nu 8
(duh palalaur dina anu ka 8 mah), tapi da tatahar jeung usaha pikeun nincak
mangsa anu ka-9 anu pikabungaheun mah kudu ti ayeuna. Saga rupa kudu aya
ikhtiarna. Iraha urang ngariung? Cag. Baktosna, manAR
|