Panitia kanggo halal bihalal mah teu acan aya teh engke sakantenan ping 21 agustus nembe bade didamel panitiana, mudah-mudahan atuh ke dina waktosna halal bihalal urang sadayana (kusnet) tiasa tepangnya.
Muhun teh raosnya beuleum lauk sareng pais lauk he he....emut kapungkur sok di pangdamelkeun ku pun nini upami mais laukna teh, laukna teh dikempelkeun dina daun teras dibuntelkeun ku daun eta dugi ka sabaraha buntelan dauna teh, teras dilebetkeun kana lebu nu aya di hawu. aduh nyaan teh raosna kabina-bina dugi ka cucukan oge hipu, siga nu dipresto teh he he....tos ah janten lapar. mangga diantos, lajengkeun @ERN --- In [EMAIL PROTECTED], teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Oh...ping 21 ayeunanya, duka nya tanggal; sakieu mah, teu aya dina jadwal na...he he. tapi upami ras jug mah duka.....he he, Naha saha wae kitu panitia na...? Saurkeun ka bagean konsumsi, si teteh mah hayang lauk anu di beuleum......teu di beuleum ge atuh dipais teu nanaon, cenah lauk ti priangan mah aramis......, tah kitu omatnya nya kang Eko...he he, kana tedaen mah dolog waenya......iraha rek ramping...he he ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

