Sapagodos Apa, duh bagja di Kusnet aya sepuh nu linuhung ku elmu, jembar ku pangapunten, leber ku du'a. Abdi mah reueus maosan seratan nu ngaageungkeun manah teh. Sumuhun da jalmi mah apanan benten-benten nya sanaos sami urang sunda oge, ku kituna diperyogikeun kajembaran manah kanggo nampi perbedaan teh, jabi ti eta kadewasaan ge geuningan ari tos ngadu bako mah tiasa oge katinggal nya, yen yuswa teh can tangtos nyirikeun hiji jalmi dewasa.
Tapi upami teu kitu alam dunya teh moal rame katang hehehehehe.....
 
 

Sonona,

neng an....

-----Original Message-----
From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, August 11, 2004 1:15 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] seratan "sunda" di Republika

Leres pisan kitu kedahna, seueur jalan sareng cara kanggo ngangkat darajat US + TS, nyakitu deui urang di Kusnet gaduh jalan/cara anu ku urang dipibanda, teu kedah ngahujat, teu kedah nyigeung kaditu kadieu, anu antukna sanes sauyunan anu kapendak, namung pacogregan ano bakal kasorang.
Sedengkeun tujuanana masih jauh di "alak paul".
Mangga urang pada ngalenyepan kusadayana, "Naon anu parantos dilakukeun ku urang pikeun nanjeurkan harkat sareng darajat Sunda", waleranana aya dina lebeting kalbu masing-masing, derr... ahh urang pada makalangan, sacabakna, sawidangna, sabisana, samampuhna.
 
Pihatur
SSW  




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke