munggaran ka bogor pisan (lain ngan ukur liwat ari ka jakarta) harita basa sorangan keur smp kelas 1 tea. kungsi dicaritakeun kamari basa si kuring milangkala, geus kabilang ayeuna mah, 37 pisan. harita nu inget ayeuna teh, rel kareta di warung jambu, pabrik kurupuk di kedung badak (duka siga kumaha ayeuna mah, asana mah geus dijual), pasar baru, terus, kebon raya bogor.
beh dieu kungsi ka Bogor rombongan. ke-ke timana nya, poho deui. oh enya, taun 1986, harita teh keur gawe di kontraktor nu nyieun parabot kantor jang Kantor Pendapatan Daerah kitu, di komplek kantor pamarentah kabupaten bogor nu anyar pindah. kadinya teh jang ngawas masangkeun mebel. masjidna alus pisan di komplek perkantoran kabupaten bogor teh. terakhir ka bogor teh basa basa studi banding service point telkom, taun kamari, 2003. ngendong sapeuting di hotel. poho deui ngaran hotelna. haria teh nepi ka bisa ulin ka istana bogor sagala. nyimpang ka dinya teu ngahaja, pedah aya keneh waktu, bari terus ka pusat industri tas, poho deui ngaran lemburna, ke.. Tajur asa na mah. Di bere tas rada gede ku kepala rombongan telkom. terus ka telkom jakarta selatan, ka jakut, pendak jeung kang Mamat Jajaka Kapakan oge kang Obie sareng kang Deny. terus nenjo service point di bintaro. sasakalana ulin kitu teh, harita teh mang Jojo ngajapri, telkom kota bandung rek ngarenovasi service point nu di setiabudina. nya milu jeung tim telkom bdg -tadina mah salaku calon desainerna, bareng jeung arsitek lulusan unpar- ka bogor, bari nganjang ka istana bogor tea. ari proyekna mah -service point di setiabudi, pertelon sukajadi-setiabudi pisan- ayeuna geus jadi, tapi kuring teu terus di ajak, da kabeh ku arsitek lulusan unpar, urang jawa katolik lila di cianjur. make model gaya hi-tech kahayangna mah, tapi siga hanggar kapal, suhunanana melengkung, make beusi kabeh. nya keun bae, lain milik meureun. ka bogor jeung telkom mah rada mucekil, nepi ka kungsi laha-loho ka istana sagala. geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

