Anu endah, nu marahmay, ulah ngan ukur gugupay, anggur mangga geura balaka, kahayang, kamelang, namperna janten kaheman .......
 

TAMPERAN KAHEMAN

 

Bibit, bibit asih

ku patepang unggal dinten

janten tamperan kaheman

kawit, kawitna mah biasa

kaeunteupan rasa era

teu daya patepung teuteup

teu karaos janten galecok sorangan

teu karaos janten ngumbar panglamunan

saupami ieu hate tos sarua

urang teh ku naon henteu balaka

najan rikip dipindingan

cinta mah tetep nembongan

anu mawi mending nembrak sakalian

da kanyaah tos puguh pikeun eunteupna



teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nyanggakeun oge " Kacipta" kang Dien.....
 
Pateuteup waktos keur pageut
pameungkeut nambihan geugeut
matri pamageuh duriat
hanjakal ngan sajorelat geuning...
 
Sinar asih nu nembongan
Rangkeuyan kembang harepan
Leubeut meuhpeuy ku ka deudeuh
Nyimpaykeun ngagaleuh maneuh
 
Aya lagu nu halimpu
ngacapkeun rungrungan kalbu
jentrengna sora kacapi
lagu hariring birahi
bray kacipta kumalangkang
sarining maduning kembang
sekar endah nu marahmay
campaka mekar gugupay
 
Kota buaya, 14-8-04


Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Teh Tienka, nyanggakeun ieu lagu.
 

KAELANGAN

 

Uleng dina mega malang

langit taya aling-aling

mega kayas semu biru

………………………

ditawur bentang baranang

endahna hiasan alam

tingkariceup ting karetip

 

Bati kalangkung kagagas

rus-ras ka jaman katukang

mung Alloh anu uninga

………………………..

kaayaan hate kuring

hese dipalerkeunana

henteu weleh mikaeling

 

Sanajan dipikir panjang

nya dalah dikumahakeun

nu puguh batin nalangsa

………………………..

kasawang dina lamunan

teu beunang mun dipikiran

nyuat ati sanubari

 

Geus puguh ari ti peuting

sumear angin di pasir

nebak kana dangdaunan

………………………..

teu bisa ngedalkeun lisan

bati ceurik jero ati

ngumbara asa sorangan


Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke