****************************************************************
..eta aya ku kituna, si uwa lalampahan teh!..heuheuheu..
 
Damang nun?
 
-pun adi-
*******************************************

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
NINI, MEULI ENDONG SABEULAH..!

Karasa cape awak teh, bari awak semu dibeubeutkeun kana risbang kuring rada
ngarahuh. Leuheung meureun lamun geus rimbitan mah dina kaayaan sakieu
lungsena aya nu ngurus, sahenteuna aya nu nyadiakeun cai keur nginum nginum
bae mah, orokaya ayeuna mah batan sakieu, hirup nyorangan di pangumbaraan.
Eta ge geus mindeng ngimpleng hanyang rimbitan, atuh indungna di lembur geus
mindeng nanya, sabenerna lain teu hayang, ngan duka teuing atuh asa beurat
karasana.
Anu mindeng ngarasa kasiksa mah....kuring teh lalaki, normal, geus sawawa,
malah bisa disebut geus kolot da sasama mah aya nu geus boga anak dua.

Ari ti peuting mindeng adug lajer, teu genah cicing, teu puguh anu dirampa,
kieu salah kitu salah, padahal beurangna geus cape digawe, digawe di pabrik
tea atuh teu bisa minge, sagala kudu rangcingeus, lamun meleng saeutik bae
kapan matak jadi eureun produksi da make ban berjalan tea.
Ceuk beja mah keur nyingkahan libido kudu loba kagiatan nu sifatna olah
raga, naon cenah disebutna teh sublimasi kitu, meureun ceuk basa urang mah
disalenggorkeun. Naha bet kudu olah raga sagala apan gawe dipabrik ge geus
sakitu capena, na da ari datang ka imah mah angger we adug lajer deui, hese
sare.

Kungsi hiji waktu mah keur ngaleungitkeun "kapusing" siga kitu, nya kuring
ulin kukulintingan di kota, malah kungsi ulin ka tempat lokalisasi awewe
Bangor, ari dina hate leutik mah asa teu ngijinan, tapi behna geuning suku
mah angger we leumpang ka dinya.
Uluh geuning sagala aya ari ditempatna mah nya, nu begang herang mencrang nu
gamuleng matak ngahuleng, nu gendut bari jibrut, aya sadayana.
Kuring ukur ngahuleng.
Ras inget jaman kuring keur leutik, kakara umur 5 taun, harita teh rek dahar
ngan euweuh deungeuna, leos bae ka warung Nini Jumsih, bari rada jengke di
hareupeun warung kuring ngagorowok.." Nini meuli endog sabeulah.!!"
Nini Jumsih ngalieuk ningali ka kuring bari rada kerung, terus duit tina
leungeun kuring dicokot, kuring teu nyaho sabaraha sabarahana,." Ke dagoan
Ujang.!!"
Kuring cicing dina bangku warung, Nini Jumsih ngagero.."Sapotong atawa
sabeulah ujang..?" kuring ngajawab .".Sabeulah bae.!".
Enya we kuring dibere kulub endog sabeulah.
"Keur naon Ujang..?"
"Keur deungeun sangu Nini..!"

Kuring ngarenjag basa aya nu nepak .." Eh..Aa mah ngalamun bae..!" bari gek
manehna diuk gigireun kuring, meleber bau minyak seungit ngahiuk kana irung,
teuing minyak seungit nanahaon atuh, cap air mata duyung meureun, direret
geuning aya nu lenjang tembong bujal gigireun.
Kuring hareneg, kudu kumaha nya pok ngajawab manehna.
"Eh..kumaha lamun sabeulah we .." ceuk kuring teh.
"Naon ari si Aa..sabeulah naonna..?"
Kuring geus rada teger ayeuna mah.
"Enya sabeulah bae Neng.naha nu kenca atawa nu katuhu teu nanaon.."
"A.mending ge sapotong atuh..!"
"Sapotong kumaha..?"
"Enya sapotong, saluhureun bujal atawa sahandapeun bujal.?!"
Kuring ngaheuheu, jadi inget ka Nini Jumsih, geuning harita ge nanya
sabeulah atawa sapotong, kuring milih sabeulah.
"Ah.sabeulah we..!"


(Hanca)










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to