Alhamdulillah, anjog oge geuning urang sadaya kana salah sahiji maksud "ulah ngalieuk ka tukang" : hirup kudu mibanda VISI. Hatur nuhun Kang Dudi, dibengraskeun ieu titingalian.
Sigana geus ti baheula luluhur teh ngingetan, kade poho kana naon anu jadi sawangan ka hareup. Ceuk juragan Covey mah mereun nyoko kana "began from the end" tea. Hayang naon atuh engke jadina jeung sesebutan anu langgeng, tegesna hirup anu saterusna. Satemenna, upama rada tangginas ti baheula, anu ti heula geus ngawarisan: "Pakena Gawe Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya di Bhuana" atawa "Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Tanjeur di Juritan". Sarimbag pisan rarasaan mah jeung anu ti Covey.
Visi teh, ceuk cenah, lain saukur ide atawa hasil pikiran. Visi hakekatna gambaran boh keur pikahareupeun atawa piayeunaeun anu dina nangtukeunna migunakeun boh pipikiran atawa rasa kalawan babarengan. Mimitina cenah visi teh keur ngahudang perhatianjeung rasa, saterusna sacara bedas baris ngalahirkeun ilham sakaligus pangharepan jeung kareureus tina satiap hasil udagan.
Visi ngarupakeun kaayaan anu dicita-citakeun, anu dipiharep ngeunaan mangsa kahareup anu bisa kahontal (realistik), bisa diandelkeun tur ngandung pangbibita (daya tarik). Kukituna, anu disebut visi teh kudu ngagedurkeun sumanget gede pikeun ngahontal mangsa kahareup ku cara mateakeun sagala rupa kabisa jeung sakabeh kakuatan (sumber daya). Singketna, visi mah, tangtu, hiji hal anu ngait jeung mangsa anu baris datang jeung kahirupan pikahareupeun.
Pikeun nangtukeun vis, sakuduna sakabeh anggota organisasi atawa masyarakat anu aya maksud ka dinya teh ngariung baradami. Kalawan dimimitian ku tilikan kana lingkungan, kakuatan jeung kakurangan boh anu medal karana kaayaan ti jero organisasi/masyarakat atawa ti luar. Nyatana anu kawentar salaku analisis SWOT tea. Saterusna mah visi teh ditembrakkeun salaku hal anu pangawalna dina perencanaan stratejik eta organisasi/masyarakat. Aeh, hapunten, bet jadi kateterusan ngaguar visi ieu teh. Neda hapuntenna bae ieu teh, teu aya sanes keur si kuring mah etang-etang ngapalkeun, Atuh bilih mapatahan ngojay ka meri ka anu geus maranti, hapunten anu kasuhun.
Tah, naon atuh anu dicita-citakeun ku Urang Sunda teh sakuduna? Naon kakuatan jeung kakurangan jerona (SW)? jeung naon ancaman jeung kasempetan anu datang ti luar masyarakatna (OT)? Naon ajen-inajen anu jadi kakuatan poko urang Sunda, eta anu sakuduna jadi mataholang visina.
Kungsi urat-oret dua taun ka tukang, mangsa diajakan ku Bapeda dina ngararangkay pangwangunan kalawan dadasar nyoko kana budaya. Aya saeutikna 100 kakurangan urang Sunda anu disebut kakurangan ti jero anu kapanggih tina 6 unsur budayana. Sajabi ti kakurangan, tangtu aya oge kakuatan masyarakat Sunda, sabab diheunteu-heunteu oge masyarakat Sunda teh tetep aya/hadir bin eksis tepi ka ayeuna. Malah upamaurang percaya mah kana sajarah anu nyoko kana seratan naskah Wangsakerta, urang Sunda teh geus aya ti taun 140 M, jadi geus ampir 2000 tumuwhna.
Diantara ajen-inajen poko, upama diringkeskeun, cenah, aya tilu anu baheula (Insya Aloh tepi ka ayeuna oge aya keneh tatapakanna) jadi jatidiri kisunda/urang sunda. Anu tilu teh nyaeta: SILAS atawan Kasundaan Rawayan Jati, Ngertakeun Bumi Lhamba, jeung Kabuyutan. Anu mimiti, nyoko kana unsur budaya religiusitas (agama, kapercayaan jeung pamadegan hirup); anu kadua nyoko kana unsur budaya ekonomi, politik, jeung kamasyarakatan. Anapon anu katilu ngawengku kana unsur budaya: basa, kasenian, lingkungan (kalebet adat istiadat, arsitektur, katuangan jeung anggoan), jeung kasajarahan. Kulantaranh kitu, anu tilu ieu upama dilenyepan geus manjing pikeun jadi mataholang nangtukeun Visi (pangwangunan budaya) Masyarakat Tatar Sunda.
Anapon anu jadi halangan-harungan ti luar, diantarana, cenah, aya 5 hal. Kahiji, ideologi atawa pamadegan hirup dumasar kana rasionalisme-modernisme jeung sakabeh akibatna (impikasina), Kadua, panarajang globalisasi dina sakabeh widang kahirupan. Katilu, sikep ngajalankeun agama anu ekstrinsik (contona: agama anu ukur dijadikeun alat, alat naon bae, ti mimiti pikeun nyangking kalungguhan/status sosial atawa kakawasaan, kaasup alat pikeun ngahontal/"tepi ka surga sosorangangan" atawa anu ngakhususkeun teuing kana ibadah ritual. Kaopat, kamajuan teknologi informasi. Anapon anu kalima rada nasional sifatna, nyaeta: kawijakan otonomi daerah. Mangga bilih aya nu sanesna anu teu acan kawengku, diantos panambihna.
Visi masyarakat Tatar Sunda aya dina sabudeureun kakuatan jeung kakurangan anu kasebut di luhur. Tegesna, kumaha pikahareupeun sangkan tetep nanjeur satengahing kakuatan jeung kakurangan (kelemahan), boh ti jero atawa ti luar. Saba'da nangtukeun visi, mereun urang saterusna kudu ngaringkelkeun misi, tujuan stratejik, sasaran stratejik, program, jeung kagiatan kalawan alat ukur (indikator) anu jelas tiasa kahontal. Sadayana tangtu ngarupakeun haseupan nyungcung upama disawang kana usaha ngahontal Visi-Misi.
Kulantaran ajen-inajen poko teh dicomot ti mangsa katukang, tangtu aya sababaraha dahan-dahanna anu geus teu pati larap deui jeung alam kaayeunakeun. Kukituna urang, sakumaha panganteur ti Kang Chaedar Al-Wasilah dina proceeding KIBS 2000, kudu ngayakeun naon anu disebut lengkah "revitalisasi kabudayaan". Upamana, ayat "herang caina, beunang laukna" kudu direvitalisasi, kulantaran geus lumrah dilarapkeunna teh jadi sarupaning "ewuh pakewuh" atawa "heuring ku letah". Pon kitu deui, ayat "goong nabeuh maneh" anu "konotasina" ayeuna jadi sarupa laku sombong oge SILAS anu dituduh jadi biangna someah kateuteuingan ti urang Sunda geus kuduna ditafsir jeung diilo deui. Di dieu urang peryogi kana lengkah: "redefenisi", "fill in", jst dugi ka "deleting" upama perlu.
Sigana kahareup, padungdengan ngeunaan "revitalisasi budaya" ieu kasawang kana perlu terus dipadungdengkeun. Padungdengan anu diteruskeun di alam nyata. Pikeun hal eta, tangtu diperlukeun jiwa anu merdika jeung bentangan kecrik tea, boh dina hartos deetna atawa jembarna.
Hapunten anu kasuhun, bilih panjang teuing.
Baktosna,
manAR
dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa'alaikumsalamwarrohmatullohiwabarrokatuh.
1. Sunda Kahareup
Tah sim kuring mah upami aya amanat "Ulah ngalieuk katukang!" teh sok emut kana dongeng-dongeng kolot baheula anu samodel kitu. Ditukang sok robah jadi leuweung anu haharaeun atau naon bae anu pikasieuneun atawa piharareseeun, tapi lamu ditengetan amanat "ULAH NGALIEUK KATUKANG!" teh kinten-kinten similerna "KUDU NINGALI KAHAREUP!" kudu ningali ka hareup? rada hese nereuyna kuleuleumbutan raraosan mah tapi cobo di Indonesiakeun janten "HARUS MELIHAT KEDEPAN!" tah geuning ayeuna mah aya enyay-enyay geuning karuhun teh miwarang urang keudah gaduh pandangan kapayun, saur basa gaulna mah kedah gaduh "VISI" kapayun lah kanggo ngaronjatkeun SUNDA teh. Sami sareng jejer ieu, sanes?
Wassalam,
dudi_ss
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

