Soal komunikasi ngarupakeun rahasia anu Maha Kawasa. Ceuk inohong-inohong bentangna ahli komunikasi, urang cenah heunteu terang ti iraha budak mimiti bisa ngomong/nyusun kecap jadi kalimah anu ngandung harti/maksud (komunikasi). Mangga, ka anu gaduh murangkalih nembe brol atanapi teu acan tiasa nyarios, sae ditengetan unggal waktos ieu rahasia anu Maha Kawasa teh.
 
Saur manuk ka para ahli komunikasi, tepi ka ayeuna oge si kuring teu ngarti jeung teu inget, kumaha mimitina jeung ti iraha bisa nyarita. Ngan barang maca buku ngeunaan komunikasi, diantarana "psikologi komunikasi" seratan Kang Jalal tea, kalintang nganuhunkeunna ka nu jadi kolot. Mun seug ti keur orok si kuring teu diajak nyarita ku aranjeunna, teu kabayang pisakumahaeun teuing ayeuna. Boa moal hirup da cenah ceuk ahli komunikasi oge kaperluan manusa kana komunikasi teh sarua jeung kaperluan kana dahareun. Kolot anu wijaksana, sepuh anu luhung, ngabiasakeun ngajarkeun hal-hal anu kalintang ageung kagunaanna jeung pohara diperlukeunna ku urang ayeuna. Ngajak ngobrol ka orok, sok sanajan orok can ngarti nanaon.
 
Kolot teh dipikir-pikir mah tukang wirid. Enya wirid teh letah anu mapatahan hate anu dina hiji waktu upama hate geus nyangking makom eling salawasna, ngawales budi letah ku cara ngingetkeun letah bisi salah.  Wirid kolot eta wirid anu dilarapkeun ka budakna. Mapatahan cumarita ngadugikeun naon pamaksudan hate migunakeun basa. Ku margi kitu, cenah, sanajan budak /orok teh can ngarti kana naon maksud ucapan kolot, tetep ngajarkeun nyarita teh kudu saperti si orok geus ngarti. Tegesna, dina keur mapatahan nyarita ka orok/budak teh cenag  poma ulah dicadel-cadelkeun kalawan sangkaan basa eta anu dipikaharti ku budak/orok. Pon kitu deui dina mapatahan atawa ngadidik kabisa sejenna. Budak, ceuk sawatara anu nalungtik, rasa hayang terangna teh ngaleuwihan rasa hayang terang anu aya di saurang prfesor anu keur nalungtik hiji hal.
 
Di imah rumasa, kusabab padumukan teh kungsi pipindahan, diantarana kungsi ngumbara di lingkungan anu migunakeun basa Indonesia keur mangsa bati laki rabi  arorok keneh tepi ka sateuacan sakola. barudak teh mimitina teu pati lancar kana basa Sunda. Kulantaran katagih ku kalakuan anu sok ngadongeng jeung umajak di milist sangkan migunakeun basa Sunda, nya di imah teh mimiti si kuring ngabiasakeun basa Sunda oge ka barudak. Namung nyakitu, mimitina mah heunteu pati lancar alias heunteu pati meunang pangbagea ti barudak. Ngan kuring inget kana wirid kolot baheula keur leutik. Biasakeun bae terus, saurna, engke oge cenah jadi biasa.
 
Kamari, budak anu kadua geus mimiti sakola katarima di SMPN 5 Bandung (Alhamdulillah duanana di smp negeri,lanceukna awewe kelas 3 di smpn 2 Bandung), malah poe saptu kamari milu tes kelas akselerasi. Aya kajadian anu nuduhkeun soal "biasa" tea.  Waktu tes teh si budak dadak dumadakan poho naha kudu make baju saragam sakolana atawa baju bebas, sabab biasana Saptu teh baju bebas. Waktu geus balik ka imah sanggeus tes akselerasi, si budak ku indungna ditanya: "Kumaha tadi tes teh bisa?". "Alhamdulillah" Ceuk si bungsu. "Ari baju kumaha, naha batur make saragam atawa baju bebas? Ceuk indungna, nalek deui. "Baju saragam, ma", ceuk si bungsu. "Euleuh atuh kumaha anjeun tadi era meureun?", indungna reuwaseun. "Heunteu ari era mah, ngan eta bae beungeut di sakuan salila tes", ceuk si bungsu bentes pisan.
 
Kecap  "beungeut di sakuan" bener-bener dilisankeun ku si bungsu dina basa Sunda. Si kuring ngahuleng jeung rada kapiasem awor jeung kayungyun. Kayungyun ku pedah teu kungsi ngajarkeun nyusun kalimah samodel kitu pikeun dilarapkeun dina mangsana anu pas, tapi geuning budak teh geus bisaeun. Enya, soal komunikasi teh rahasiah ti nu Maha Kawasa tea. Iraha urang mimiti diajar basa/komunikasi dina sadaya tingkatanna tetep hese dikotektak. Anu penting wiridna bae, kudu dilakonan, engke oge aya hasilna.
 
Baktos,
manAR
 
 
 
 
 
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke