Ua Jojo, Kang Adnan sareng kum sadayana bae,
 
Disawang tina jihat ajen inajen poko boh dina agama (Islam upamana) atawa budaya Tatar Sunda, nanjeurkeun hukum atawa kaadilan teh ngarupakeun buah langsung tina ajen-inajen poko atawa dimensi pang pentingna masing-masing anu dina hakekat enas-enasna mah sami bae: soal kamanusaan.
 
Nanjeurkeun hukum jeung kaadilan ngarupakeun buah langsung anu sakuduna dihasilkeun tina larapan SILAS. Sabab, kumaha urang tiasana miara Silih Asih, Silih Asah jeung Silih Asuh antara anggota masyarakat upama heunteu aya kaadilan jero masyarakat. Lain SILAS anu aya, tapi pahiri-hiri dengki, patuduh-tuduh, gibah, jeung sajabana. SILAS oge saterasna kudu ngabuahan ngokolakeun kahirupan ekonomi, politik, sareng kamasyarakatan. Saleresna dina leresan ieu sadayana rupina parantos uninga, namung anu masih kirang teh dina nyandak pola manajemenna. Manajemen pamarentahan urang masih kirang (B. Ind: lemah).
 
Pakait sareng manajemen teh aturan jeung anggaran. Ngaronjatkeun kahirupan moral merlukeun biaya (investasi), heunteu cekap ukur ku aturan jeung ajakan atawa panggero. Biaya pikeun nanjeurkeun manajemen anu geus kauji baris tiasa ngokolakeun hukum jeung aturan anu adil.
 
Manajemen anu dimaksad ngeunaan aturan kapagawenegrian (hansip kedah dilebetkeun salaku pagawe pamarentah, upama ukur sawilaksana tugas kamra moal tiasa diandelkeun). Upamana polisi jeung PNS sejenna. Urang terang salami ieu, panghasilan atawa gaji Polisi jeung PNS teh kalintang waluratna, teu matak cukup sabulaneun. Polisi jeung PNS naek pangkat lain karana prestasi, tapi karana KKN. Kanaikan pangkat karana KKN merlukeun KKN deui keur nutup waragadna. Akhirna ngalahirkeun "lingkaran setan" tea.
 
Seueur aturan-aturan anu kalebet aturan-aturan anu mukakeun lawang KKN, tujuan akhirna mah pikeun nambihan panghasilan anu samporet. Bleg bae jadi budaya hulu dijieun suku, suku dijieun hulu. Sagala rupa jadi ti baralik. Proyek jadi melendung bari anu tepi kana udagan nyatana mah heunteu tepi ka 60%-na. Sagala ti baralik, anu kuduna babari, jadi harerese. Anu kuduna pagawe pamarentah teh sakitu pinuh komara, jadi hina da eta beunang dibeuli tea. Antara moral anu ancur jeung manajemen anu salah geus hese dibedakeun, mana anu jadi biang jeung mana anu jadi anakna.
 
Na matak naon lamun dirarancang aturan sakitu rupa nepika dina hiji waktu mah, boh polisi atawa hansip, tepi ka neangan jalmi anu ngalaman kapalingan atawa karugian akibat kalakuan nu sejen, sabab butuh keur kanaekan prestasi. Gaji dironjatkeun sahingga cukup keur kahirupan anak pamajikan jeung dirina sabulaneun, kaasup beaya sakola barudakna jeung nu sejenna. Aturan upama ngalanggar disiplin gawe dijalankeun kalawan heunteu pilih bulu.
 
Kumargi kitu, ngaropea moral teh merlukeun manajemen anu merenah, waragad (investasi) jeung kawani keur nanjeurkeunna. Tegesna merlukeun sifat Jujur, Cerdas jeung Wani. Heunteu tiasa ukur panggero sareng pangajak. Parantos jadi naluri manusa, salala rupi oge kedah aya "reward and punishment" anu jelas tur adil. Upami bade nyandak pola ajakan atawa panggero, tiasa oge, namung ieu aya dina widang pangwangunan budaya. Leres anu pangsaena mah kasadaran, anu kaluar tina pangaweruh anu matri dina diri nyatana hasil ngawangun budaya. Anapon dina danget ieu kalintang diperyogikeunna manajemen anu sae. Perobahan manajemen kapamentahan, khususna dina widang aturang kapagawenegrian sareng kaproyekan.
 
 
Baktos,
 
manAR
 

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Satuju pisan, Mang Jo. Yen pikeun ngatur sarta nyiptakeun katartiban
masarakat, peryogi pisan ayana aturan sareng ngadegna aturan. Ceuk sakaol
cenah aturan dijieun pikeun dirumpak, nyaan kuring mah teu panuju. Aturan nu
hade teu ngajamin ayana katartiban, sabab mun masarakatna baredegong nya
moal aya pangaruhna. Nya supados eta aturan teu mubadir sabab teu diturut ku
masarakatna, kedah aya nu ngajagina, nu ngadegkeunana, nu disebat APARAT
sarta lembagana tea panginten. Eta oge teu janten jaminan ketang, pami
aparat atanapi PIHAK YANG BERKEWAJIBANana henteu ngalaksanakeun kawajibanana
alatan teu teges sarta beunang kaolo ku nu ngarumpak aturan tea.
Dina majalah TEMPO minggu ieu (sisindarieun meuli TEMPO), aya sababaraha
artikel ngeunaan hukuman pati, jigana mah dina raraga "ngabageakeun"
eksikusi pati nu di Sumut tea. Cenah, sanaos hukuman pati tehtos
direkomendasikeun supados dileungitkeun ku Amnesti Internasional (pami teu
lepat) ku tinimbangan kamanusaan & hak hirup manusa, langkung ti 90 nagara
sadunya masih nerapkeun hukuman pati, kaasup AS (disebut husus nu ieu mah
margi katelah salaku lulugu ari dina masalah HAM mah sanes? Saneeeesss....).
Anapon di Indonesia, yen cenah hukuman pati ieu patukangtonggong jeung uni
konstitusi nagara urang nu ngajamin hak hirup, hal ieu bisa dibantah, sabab
ieu mah dina raraga nanjeurkeun katartiban hirup sakabeh masarakat bangsa.
Aya dua poin: kahiji salaku empati jeung rasa kaadilan pikeun
korban/kulawarga korban, kadua salaku tugas nagara pikeun mere rasa aman ka
masarakat tina kadoliman nu rongkah (diantawisna kajahatan maehan nu sadis
liwat ti rasa kamanusaan, ngaracunan masarakat ku ayana narkoba, oge korupsi
nu ngarugikeun rahayat loba). Komo kapan lebah nelasan jalma mah Pangeran
tos ngadugikeun sacara langsung, yen nelasan jalma tanpa alesan hukum nu
bener teh sarua jeung nelasan sakumna umat manusa.

jk

Mang Jojo writes:
Meunang hikmah ti si hansip rehna keur ngatur jalma rea
mah kadang-kadang ulah peleye, supaya tartib jeung aman.
Hanjakal di urang mah rea pisan jalma peleye. Kota teh teu
tartib, nagara teu tartib, jalma katalangsara padahal
nagri endah asri, bahan lubak libuk.




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke