Kang Hasan,
Haturan, sae pisan yasa teh. Ieu tiasa jadi tawis sae, keur mitembeyan website-website sarupi ka payun. Moal pati lami deui sigana urang baris mendakan webiste seni-seni sarupi tembang sunda cianjuran, wawacan, gembyung, angklung, beluk sareng seni-seni tradisi sanesna, dina wanda anu khusus.
Aya sababaraha catetan:
(1) Teu acan sadayana lengkep nya eusining pupuh teh? Nembe Asmarandana,
Balakbak, Dangdanggula sareng Durma, 13 pupuh deui teu acan. Naha kakirangan
bahan atanapi teu acan kapidamel bae? Upami kakirangan bahan, mangga manawi
sim kuring tiasa nambihan, pupuh naon bae anu teu acan aya bahanna teh;
(2) Ngeunaan 2 baris anu ditaroskeun, parantos nyobian milairian dina pabtekan, weleh
heunteu mendakan. Atuh nataroskeun ka pangersa Abah Surya, anjeunna oge teu
kaleresan nyondong catetanna. Mung kasauran Abah, pupuh Durma anu biasa jadi
pakem keur conto, saurna, anu baris kahijina teh kieu: "Gede hate ningal lega
pasawahan....jst". Rupina aya anu matak narik galih salira nya numawi anu
dipidangkeun teh anu eta ("Moal ngejat ukur sanajan satapak...jst")? Duka nya upami
Ua Sas gaduheun catetanna, hanjakal serverna nuju hareeng bae.
(3) DI Sundanet.com, Abah Surya kantos medar "Tujuh Welas Pupuh Rumpaka :
Drs.R.H. Hidayat Suryalaga, mangga bae uningaan kanggo studi banding di
Iraha tiasa chatting? sono sareng aya obrolkoneun khusus, sanes perkawis nu eta, ieu mah anu itu, sejen deui.
Baktos,
manAR
baraya, cing pangnoongkeun. tamba gado ngaburayot,
kuring keur ngeureuyeuh ngadokumentasikeun pupuh 17
kana format elektronik. can anggeus karek beubeunangan
5 guruntul. ieu dokumentasi teh aya tilu format: html,
lit (ms. reader), sarta audio (mp3).
ku kituna, ka baraya nu aya waktos, cing pang
ngilikankeun, sarta pang meunteunkeun. hasilna di
simpen di alamat ieu:
http://www.angeltowns3.com/members/khs579/
kanggo kang tantan sareng kang surya, sarta para wargi
anu sanesna anu aya minat kana tembang sunda, mangga
download bae di alamat di luhur. urang keureuyeuh wae,
sugan tiasa nepi ka rengse.
ngan kuring aya sababaraha panuhun:
1. dina pupuh durma, aya dua baris nu kuring teu pasti
naon kekecapanana (ditulis beureum). ku kituna
pangdangukeun pupuhna, naon kinten-kinten eta
kekecapanana teh.
2. tiap kaca pupuh make gambar ilustrasi anu sarua.
kahayang mah eta gambar teh tiasa diganti ku gambar
para widadari kusnet, kisunda, sarta gankleboy. upami
aya nu minat, mangga kintunkeun wae foto elektronikna.
he he he.
sakitu nu kapihatur.
hatur nuhun,
hasan
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

