Pakusarakan !!!
Leres pisan Kang Dian, eta pisan anu dibekelkeun ku Rama ka Abi, kaleresan kapungkur Rama mah aktivis AMS ( Angkatan Muda Siliwangi ) di Ciamis.
Janten ka nonoman sunda dimana wae ayana, sok sing teuneung ludeung makalangan di leuweung globalisasi.
Bral.........

Gardiana Karnasaputra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum para wargi US,
 
Sababaraha kali abdi tepang sareng urang peuntas utamina mah anu asalna ti Sumatera, sok kageteun pami ngobrol teras terangeun yen abdi tos puluhan taun ngantunkeun tatar sunda utamina galuh, da anggepan urang sumatera mah, urang sunda teh kecingan, teu wantun angkat-angkatan tebih..
Padahal US ayeuna mah, waranian.. (leres teu kang Rudy, teh Netty, kang Panji, akang-akang, teteh-teteh anu sanes...?), tapi sanajan bubuara tebih ti tatar sunda ge angger henteu hilap kana asal muasal.
Komo aya milis sapertos kieu mah, raraosan teh da henteu nuju ngumbara..
 
Abdi emut kapengker nuju alit keneh, kantos dibekelan ku pun rama (sanes artos, tapi ayeuna hartosna langkung ageung ti artos), kieu saurna :
 
Dimana jeung iraha wae
Andika tandang makalangan
Sing inget kana purwadaksina
Sabab dina kiwari ngancik bihari
seja ayeuna sampeureun jaga
 
 
Wassalam


Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke