saptu jam 9-an kang Hendri cikarang epson nelpon, manehna jeung gengna
geus di bandung. hanjakal si kuring keur nungkulan upacara penerimanaan
msiswa anyar di gsg.

pabeubeurang, ka aula disbudpar, milu lalajo bedah buku Prof. Saini
KM,Krisis Kebudayaan. nu ngabedah teh, bambang q. anees, urang IAIN nu
boga komunitas pasamaon sofia, asana mah nalungtik karya PHH Hasan
Mustapa. Ignatius Bambang Sugiharto, dosen filsafat unpar, urang jawa gede
di tasik, oge juragan Tjetje Hidayat Padmanagara, mantan anggota DPR di
golkar (THP teh inohong AMS). nu sumping katembong, bu Popong otje
djundjunan, jakob sumardjo, jeung sajabana. moderatorna Yayat Hendrayana.


rada sorena, balik deui ka pangulinan, da aya acara tepung jeung sepuhna
msiswa anyar. kang Hendri datang, ngan kusabab si kuring kudu ka rohangan
nepungan acara panggih jeung sepuh msiswa anyar, kang hendri terus ka kang
Yaya.

beres acara eta, kang Hendri ngabejaan manehna keur ngumpul hareupeun
gedong sate jeung Kang Yaya Seoul. nya muru ka gedong sate. panggih.
ngobrol. nu aya harita kang Tatan, teh eli Julia, aya genepan mah. di foto
sagala ku kang Yaya.


mj

http://geocities.com/mangjamal




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke