Sukaning Indriya Gapuraning Rahayu, kitu ungelna tulisan dina unggal jilid majalah Mangle, keur Mangle mah kecap eta teh geus jadi ciri anu mandiri, eta teh kaasup candrasengkala (CS) kira kira kieu hartina :
Sukaning : tina kecap suka dina CS sok disebut bilangan 7 nu hartina gumbira.
Indriya : tina kecap indri dina CS sok disebut bilangan 5 nu hartina kakuatan panon, tapi mungkin bae hartina indrya teh indra sapertina dina kecap pancaindra.
Gapuraning tina kecap gapura dina CS sok disebut bilangan 9  nu hartina pantona raja atawa lawang saketeng.
Rahayu dina CS sok disebut bilangan 1 nu hartina hurip.
Jadi Sukaning Indrya Gapuraning Rahayu teh mun dijejerkeun jadi angka 7591, cara maca CS sok dibalikeun jadi 1957, eta teh taun Mangle diadegkeun, munggaran terbit di Bogor
Istilah CS sabenerna mah keur taun anu ngindung kana edar bulan, ari nu ngindung kana edar matapoe mah disebutna Suryasengkala (SS), tah naha ari Mangle asup kana CS atanapi SS kumargi tauna masehi nya tangtos jadi SS.
 
MSasmita
dumeh maca buku Keterangan Candrasengkala/RBratakesawa/PDK 1980.
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke