Baraya
sadayana Kusnet tos meh 5 taun jalan, Kusnet diadegkeun dina kaping 8 Mei 2000,
tug dugi ka ayeuna anggotana 721 jalmi anu bouncing aya 331, upami dijumlahkeun
janten 1052, dijumlahkeun soteh biasana upami nu bouncing mah tara dietang dina
rengrengan anggota.
Jumlah
posting ti taun 2000 dugi ka ayeuna aya 62449, upami dirataratakeun unggal
sasih teh 1178, sadinten rata-rata 40 email, upami nilik kadinya kawilang
produktip, sadayana eta posting teh nganggo basa Sunda, atuh ana kitu mah
basa Sunda teh matak reugreug keneh da buktosna diaranggo keneh, sok sanaos teu
acan tiasa disebat ngawakilan ka sadayana US nu saur itungan sensus mah aya kana
40 jutana.
BARAYA..HAYU URANG SAMI SAMI NGAMUMULE BASA
SUNDA.
dihandap ieu data posting unggal sasih ti taun
2000
Jan
Feb
Mar
Apr
May
Jun
Jul
Aug
Sep
Oct
Nov
Dec
2004
2003
2002
2001
2000
MSasmita
kuncen
# 2.
Upami
tea mah aya baraya anu kersa nalungtik naon bae eusina eta posting, upamina
Sastra...%, banyol...%, pancakaki....%, agama...%, sajarah...% sareng saterasna,
tangtos kalintang saena, boa boa bakal janten karya tulis anu
munel.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

