*************************************************************************
Assalamu'alaikum wr. wb.
Sampurasun!
Haturan ka sakumna wargi babakan!.
Ti dinten sabtu kamari sim kuring saukur ngalongokan ieu lembur (da kumaha atuh, pakepuk pisan!). Aya kureueus ningali kaayaan di ieu babakan tah... katingali seueur pisan baraya enggal nu sarumping ka babakan!
Kukituna sim kuring ngahaturkeun pangbagea ka kumna baraya enggal...sumangga ulubiung dina ieu babakan, mugia ka sumpingna andika sadaya tiasa janten mangfaat dina nanjeurkeun kasundaan sinareng ki sunda ana pon ngadegna ieu babakan teh tiasa janten pangeugeut urang sunda di sakuliah dunnya, khususna dina nanjeurkeun kasundaan tur kisunda tea.
Pangwanoh ti sim kuring, ....wasta pun adi, ngabalimah di bandung, jl.paledang-karapitan, danget ieu nuju buburuh ka dunungan di abu dhabi.
Saukur pangemut khususon kapihatur baraya enggal!, di ieu babakan teh ana tilu 'milis',.... [EMAIL PROTECTED]  lan  [EMAIL PROTECTED], sayaktosna ieu milis teh kanggo mairan dina jejer kasundaan tur kisunda,........
lianna .....dumasar urang sunda mah sok resep heureuy (ieu nu matak US teh 'awet ngora'), silih sepet, gogonjakan dugi ka akey-akeyan nyumanggakeun kanggo ngawangkong di warung [EMAIL PROTECTED] (asal ulah epes meer jeung pundungan di milis ieu mah!, heuheueu -- sanes kitu pa kuncen?).
Supados dina nanjeurkeun kasundaan tur kisunda ieu, baraya KUSnet ngadegkeun oge Yayasan Peceka nyaeta sarupaning "wadah komunitas milis ieu di darat" (bilih teu acan uninga, mangga diilo di http://www.urang-sunda.or.id/index.htm)
Kukituna, kapihatur baraya enggal nu sarumping ti sakuliah dunnya .....WILUJENG SUMPING....sing baretah, genah tur tumaninah di ieu babakan.......pon ka ki dulur, hayu urang tanjeurkeun kasundaan tur ki sunda dina lumampah nu langkung nyata tur nyipta!
Sakitu nu kapihatur, hapunten nukasuhun, neda pangapingan ti balarea!
 
Wasalamu'alaikum wr. wb.!
Baktos na,
 
-pun adi-
*************************************************

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikum salam riggg..!!, aeh saderek Faizar...., mangga teras kalebet...!!!
wilujeng sumping...mugi-mugi sing betah di ieu milis....
mangga....rojookkk.... aeh rojerrrrrr...
 
Pihatur
SSW

faizar78 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum ! nepangkeun nami abdi jurig ehh.... :( nami abdi Faizar ti Purwakarta mung ayeuna mah nuju dameul di Dubai U.E.A sakitu wae lojer ganti :P




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke