Haturnuhun kang Ndoell hehehehe....sari-na kamana kang kapiceun atanapi
dianggo juice tea hihihihi...
Mangga kang urang lebetkeun kana daftar peserta, wah sok atuh abdi minat
kang mung panginten ninggal heula barang sareng pangawisna utamina mah
hasiatna tea supados janten salesna pinter nyoroscos teras we seueur nu
ngagaleuh sanes pedah pinter nyarios teras kataji ku produkna nangging
hawatoseun abdi ngabudah nyarios ma enya teu aya nu ngagaleuh
hehehehehe.......


neng an....




-----Original Message-----
From: ndoell [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, September 10, 2004 6:06 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Bewara kanggo Bazar Halalbihalal di Cimalati



Teh Ani anu puspita,
Abdi bade ngiringan icalan. 
Eta oge insya Allah mun janten ngiring ka 
Cimalati. Mugi aya rejeki, aya waktos sareng aya umur.

produkna mangrupi Sirop Jeruk Nipis sareng Jambu Kulutuk 
Beureum kaluaran ti lembur abdi. 
Sarupaning jus. Tapi dijamin, ieu mah ngangge buah anu asli. 
teu aya pewarna atanapi pangawet. Haseumna asli jeruk, amisna asli 
jambu. Dibotolan saukuran sirop marjan mung ngangge borongsong hinis 
awi kanggo ngajingjingna teh. Cocok keur oleh-oleh.

Sanes promosi, punten ieu mah, bilih aya nu meryogikeun
kanggo landong mangga tiasa pesen, bilih bade nyobian, mangga ka 
rorompok. 

hiji conto, keur landong mah (maag) : unggal enjing, gugah sare 
(kaayaan padaharan kosong), langsung we ngaleueut satengah gelas ieu 
sirop (tong dicampur cai). Euh.. mani haseumna kabina-bina, tapi 
insya Allah aya mangpaat na.
Tong nyureng atuh tarang teh ....
leres ieu mah.

Kaleresan abdi tos hampir sataun janten distributor di Depok, 
mung ku kasibukan jadi we teu kaurus icalan teh.

Sok lah, bisi bade janten agen, mangga ku abdi tiasa dikintun.
Perkawis pangaos mah gampil. 'Cingcai' ceuk urang ditu mah...
Itung2 ngabantos urang lembur sareng petani jeruk urang sunda.


Mangga ah,
-Dul-







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke