NGIRINGAN
 
Upami enya pamarentah urang wantun masihan hukuman anu satimpal kanu ngalakukeun korupsi, jigana moal aya deui rahayat urang anu nganggur tur kundang iteuk jajaluk, sabab saniskara pacabakan pasti bakal ngalobaan ku lobana biaya anu dirampas ti para koruptor. Tapi jigana ieu mah baroraah mere hukuman mati, nunjuk si A korupsi ge teu wanieun pan buktosna tos katinggal ku sadayana. Hukum di urang mah lain milik anu laleutik tapi ..... cag heula ah
----- Original Message -----
From: teh tien
Sent: Sunday, September 12, 2004 10:55 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Oleh-oleh ti Dua Seminar: Energi jeung Ajen-inajen Lokal (1)

 Kawijakan anu kitu teh ujug-ujungna korupsi tea. Tah ayeuna teh pas pisan keur para capres mere kawijakan anu wani, sing saha termasuk capres sorangan lamun enya korupsi wani di hukum mati, tah sugan kudu kitu  sarieun rek korupsi teh..!! saperti kawijakan di cina cenah mah wani mere hukuman mati pikeun anu korupsi, sok tinggal ayeuna cina termasuk korea maju pisan, eta teh hasil tina kawijakan anu allus.....
cag.........
 
teh tien

Riyadi Syahardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

kang oman..... abdi rada katarik masalah energi nu dicarioskeun ku akang... tapi abdi mah bade ngomentaran palebah kawijaksanaan pamarentahna. abdi yakin, haqul yaqin... litbang pasti ngalaporkeun hasil riseutna ka pamarentah, tapi kulantaran situasi urang (pami kenging mah istilah situasi diganti ku kultur...) masih gede mentingkeun diri pribadi atanapi golongan jadi nukararitu kedah aya mangpaatna kanggo pribadi atw golonganana, rahayat mah nomer ka sekian.... (pami sanes janten objek mah naon deui...)

Kaleresan abdi ayeuna di korea, nembe 4 sasih, tapi ningali kaayaan di korea umumna urang kudu jujur ngangkat topi jeung ngacungkeun jempol duanana. padahal korea sumber energina naon cik, tapi majuna kabina bina.... kendaraan seueur nu nganggo lpg.... di kota Okpo mah tempat paling nyaman.. teu aya polusi....

sakitu komentar abdi, nuhun kang.....

 

didat



oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
 
Poe Rebo, 7 September 2004, si kuring meunang tugas ti kantor kudu ngaluuhan seminar ngeunaan hasil-hasil panalungtikan ti badan-badan panalungtikan (litbang) anu aya di departemen energi dan sumberdaya mineral (DESDM) urang. Tempat seminar teh di Hotel Borobudur, Jakarta. Nya kaperngkeun hadir oge ka eta seminar dina waktuna.
 
Ku kabeneran, pagigir-gigir jeung  ruangan anu dipake seminar ku DESDM teh bet geuning keur aya seminar oge ngeunaan "agama-budaya-pendidikan tinggi -nilai-nilai lokal" anu dialpukahna ku Univ. Islam Jakarta. Atuh nya dina sela-selah rehat seminar teh si kuring ngahajakeun laha-loho ka rohangan pameran anu nyarengan eta seminar tatangga, kataji tea ku jejerna. Manawi aya manfaatna, seja ngadongengkeun lalampahan nitenan eta 2 seminar di luhur, gurat badagna atawa petinganna bae.
 
Tina seminar kahiji, kacindekan anu langsung norojol dina pipikiran salila nitenan eusi seminar teh taya lian ti hal anu ngandelan pamendak umum salila ieu yen litbang di nagara urang mah bener-bener sakumaha kapanjanganna anu sok disalenggorkeun jadi hese mekar (litbang = sulit berkembang). Enya, atuda teu rek kitu kumaha, antara hasil-hasil panalungtikan anu sarae jeung masalah anu disanghareupan teh siga anu teu akur, heunteu lumangsung koordinasi anu harmonis. Hal ieu katangen dina masalah energi urang.
 
Energi teh ngarupakeun hiji tina 3 hal anu penting disadiakeun di ieu planet upama pangeusi ieu planet bumi miharep terus "berkelanjutan". Anu 2 deui: sumber daya pangan (kadaharan) jeung cai (sumber daya air). Sasadiaan energi urang upama ngandeulkeun bae minyak, kacida bahayana. Anu jadi sabab, minyak tanah  urang teh beuki dieu  beuki ipis cadanganna (ukur cukup tepi ka tahun 2010, kadituna geus kudu impor jeung stop ekspor). Cadangan anyar (hasil panalungtikan geologi) teu aya anu nyukupan (potensial) pikeun nutup keperluan. Di jihat sejen, aya hasil panalungtikan anu mere iber pikabungaheun, nyaeta : mateakeun (memberdayakan) liginit (atawa batubara ngora) anu diproses ku teknologi jadi bahan bakar cair sarupa minyak tanah (minyak tanah jeung batubara teh sumberna sarua, unsur-unsur dasar anu ngawangunna oge sami, anu benten teh tampilanna/senyawana).
 
Ieu teknologi ngarobah batubara ngora jadi minyak teh geus ka cangking ku ahli-ahli urang, bahan bakuna (cadangan) pohara lobana, oge studi awal "kelayakannya" parantos aya. Tina hasil studi, proyek nyieun minyak ieu sok sanajan modalna gede, tapi kacida nguntungkeunna keur pikahareupeun. Malah di nagara Cina mah parantos diteken kontrak nyieun minyak tina batubara ngora, teu kapalang 3 pabrik (anu hargana trilyunan rupiah) sakaligus geus mimiti diwangun. Tapi geuning, kawijakan Pertamina (salaku BUMN anu boga kawenangan ngurus energi hidrokarbon urang) heunteu acan maparinan lolongkrang pikeun lumangsungna eta program nyieun minyak tina batubara ngora. Di urang, proyek ngaganti bahan baku energi tina minyak ganti ku batubara ngora teu acan dikawitan.
 
Anu sejenna, katangen yen proyek litbang teh masih dumasar atawa nyoko kana kapentingan usaha swasta, utamana swasta internasional. Duka ieu teh akibat anggaran panalungtikan di urang anu leutik jadi perlu sponsor ti pausahaan swasta internasional pikeun ngabeayaan eta riset (anu mawa buntut kudu ngawadahan kahayang pihak sponsor); duka pedah lolobana ahli panalungtik teh digedekeun ku swasta atawa pandangan nagara maju (akibat kerjasama pagawean oge latar belakang atikan luhur saterusna di LN/beasiswa, jrrd). Sakedik pisan hasil riset widang energi jeung sumber daya mineral anu nyoko kana pangabutuh nyata masyarakat urang.
 
Cag heula soal seminar DESDM ieu, kulantaran jadi era parada. Tapi Insya Alloh, da paniatan mah lain seja ngaboretekeun wiwirang departemen tempat digawe sorangan. Estuning bae ieu mah keur sumbangsih informasi anu mudah-mudahan aya manfaatna.
 
Ngeunanaan hasil laha-loho ka seminar sabeulah deui di Hotel Borobudur poe Rebo kamari, urang teruskeun bae dina posting terasna, manawi pareng.
 
Cag.
Baktosna,
 
manAR
 
 
 
 
 
 
 
 
 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Shop for Back-to-School deals on Yahoo! Shopping.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke