Insya Alloh ka Cimalati mah bade ngiringan, bade ngaleut we sareng ninina pun anak, katingalna dijumlah jamleh nu bade sareng teh aya 8 dewasa, pun anak nu budak keneh mah.
Buku buku..?
Mangga.
 
MSasmita
 
 
-----Original Message-----
From: teh tien [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, September 09, 2004 1:18 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [Urang Sunda] Produktipitas Kusnet/Teh Tien..!!

Punten nembe diwaler, tos posting teh..dug wae mondok da cape pisan, Tos wengi biasa sok nguniang deui tapi suwung, teu aya anu ngabaturan, nya sorangan wae kutak-ketik. Teu karaos nya kang..!! tos bade sataun, nyaan waktos teh nyerelek, terang-terang sepuh waenya...he he
Surabaya mah nuju hareeng, muhun haredang tea, gararing komo dipedesaan mah taneuh ge bareulah, tuang na ge tos ku gaplek .sok karunya nya kang...
Buku teh kalintang kaanggona, janten acara teh sukses, hatur nuhun pisan kang, mugia atuh buku2 akang teh sing langkung seueur, muhun rupi-rupi wae, upami baraya peryogi naon wae ge moal sesah, kantun ngontak wae ka akang..
Kang..!! geuning gampil ka bumi akang teh, ti Srigadis mah mung sakali nganggo angkotan kota Ciwastra, apan harita teteh ka bumi mung nuju suwung, eta wae koran mani pabalatak, rupina anu gaduh bumi lami angkatna..Engke deui mah ah ngontak heulanya supados teu kacele. , InsyaAlloh hoyong ka bumi akang deui da gampil, sakantenan milari buku da pun lanceuk resep pisan buku2 sunda.
KUmaha ka cimalati bade nyandak buku..? nyandak kang nya, tangtos baraya teh aya anu peryogi.
Kang, tosnya sakieu heula hatur nuhun, salam kanggo aceukna sareng neng saha putra teh.? tos kelas sabaraha ayeuna..?
 
Baktos
teh tien 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke